Carponpis ku Yan Agus Supianto : Kareta Api Si Gombar Garut

Carponpis ku Yan Agus Supianto : Kareta Api Si Gombar Garut

Mun nyaritakeun karéta api, kuring mah babari émosi. Mun teu nyarita balang béntor, pasti neangan dokuméntasi nu aya kaitan perkarétaapian, khususon karéta api jurusan Cibatu - Wanaraja - Garut. Mun geus meunang wartana, pangangguran di-ser ka dulur-dulur atawa babaturan salembur nu keur miang neang nafkah di nagari deungeun.

Harita keur kuring leutik jaman sakola SD, mun libur catur wulan, pasti peré téh 'diungsikeun' ka imah ema apa alias nini alai nu harita dumuk di Kampung Cikole, Wanaraja, jalan kaitang hirup balawiri, mobil gararédé nu lar lur di pabrik walirang. Kitu oge delman hampir tiap detik ngaliwatan imah ema apa ngangkut panumpang nu teu jauh ti Statsion Wanaraja.

[caption id="attachment_1203" align="aligncenter" width="1080"] Foto Instagram @ar_azis15[/caption]

Lian ti éta, harita kuring ogé geus mimiti apal iraha wae karet api si gombar jeung si kuik. Harita mah kuring ngabayangkeun si gombar teh mun digambarkeun lalaki gagah perkasa, lian ti sorana pinuh wibawa oge pangadegna ge sawelas dua welas jeung sora, beda jeung si kuik, diibaratkeun awewe centil jeung gesit. Tapi kuring mah resep ka Si Gombar, sanajan mun keur sono mah sok nanya keun dina lamunan; ari si kuik naha tara panggih. Meureun can diparengkeun, Sabab mun indit ka wanaraja, atawa balik tara katohiyah panggih..... da mun aya WA siga ayeuna, kuring sigana aya niat jangjian.

Mun inget mangsa harita, kuring mun ngabuburit sok ngurek di sawah deukeut imah mapay galengan nepi ka walungan Cibuah - deukeut pajaratan jeung pabrik walirang, bari mamawa paku. Dedi jeung Tatang - lanceukna Ujang, dua urang eta nu sok ngajak ulin jarambah teh.

Kungsi harita, eta paku nu dipesakkan ngahaja dibawa, karék apal téh, waktu Tatang jeung Dedi ngajak ka statsion, cenah urang nyieun pepesoan. Kebenaran wanci beurang keur meujeuhna panon poé mentrangna, oge ti imah Tatang mah ka statsion teh deukeut pisan, aya 50 meteran mah jarakna.

Harita mah nataku teu apal maksud jeung tujuan mamawa kuring ka statsion bari kudu mekel paku ukuran gedé. Harita mah apal pisan iraha jeung jam sabaraha waé karéta api teh ngaliwatna, jadi teu kudu Iila mun nungguan teh mah, pan lian ti eta hulu karéta api sok ka tinggali, boh ti arah Pasirjengkol atawa ti arah Cinunuk. Tah mun geus karéta eureun di Statsion Wanaraja, paku nu kuring dijengjrengkeun jeung bogana Dedi oge nu Tatang.

Foto Instagram @ar_azis15[

Eta gé bari luak-lieuk susulumputan di beulah kidul arah ka Garut atawa Cinunuk, kuring mah milu wé da teu apal. Waktu PPKA (Pengatur Perjalanan Kereta Api) niup piriwit ditembalan ku sora panjang piriwit kondektur, kuring jeung maranehna ngamimitian aksi. Paku nu ngajengjreng luhureun rel kareta tadi ditinggal ti kajauhan,saterusna waktu kareta ngaliwat otomatis paku ka geleng. Mun sakira aman, langsung eta paku nu jadi peso teh dicokot. Ngan kitu we perjuangan nyieun peso tina paku. Mun dipikir nanaonan kikituan, hayang peso mah tinggal meuli ka pasar.

Ti harita kuring jadi saeutik apal ngeunaan kareta api. Kuring jadi apal naon masinis teh, halte, perewis, langsir, laste, jeung lian ti eta. Ngan hiji, karek bieu apal, ti baheula ngan saukur ninggal patugas make topi beureum polét koneng emas jeung barang siga panggebug kasur.

Dina blog karambia.wordpress.com, cenah topi éta teh aya filosofina, yen puncak kapamingpinan dicekel ku PPKA di Statsion. Mun warna beureum eta topi hartina getih, bahaya jeung wani.

"Si Topi Merah" alias PPKA atawa bahasa deungeuna traindispatcher, nu boga tugas beurat ngatur jeung ngalakukeun sagala tindakan keur ngajamin kasalametan jeung katartiban nu kaitan jeung urusan miangna kareta api oge urusan langsir dina batas statsion wilayahna.

Sedengkeun tongkat héjo bunder, komo mun peuting mah tongkat semboyan 40 eta teh beda deui tongkatna. Tongkat nu tungtungna bunder teh siga hurung caang mantul tina lampu lokomotif atawa lampu di statsion. Tapi manehna oge ngajinjing lantera oge.

Asa nineung mun ninggal ka tukang, komo cenah jalur kareta api Cibatu - Garut rek dihirupkeun deui. Mun bener, kuring ngalaman deui naék kareta tur nyaman. Beda jeung baheula, nya padedet, barau kesang campur haseup kareta api nu asup ka gerbon panumpang. Mun teu mawa karcis, paling ditegor bari dipenta mayar tunai kondektur. Tapi harita mah kuring jeung indung, lanceuk tara mayar. Mun teu mayar cukup ninggalikeun SAP atau KBD, teuing naon meureun bahasa ayeuna mah fasilitas keur VVIP.

Komo harita mah mun ditagih karcis hejo nu kandel ku kondektur, cekap nyebatkeun "kaluwarga Pa Sukra" atau "kaluwarga Pa Kandi", dijamin lolos neruskeun perjalanan (naon basa sundana).

Dua ngaran Pa Sukra jeun Pa Kandi, keur kuring mah boga jasa pisan dina bagian perjalanan kareta khususna jurusan Garut - Wanaraja, minimal gratis. Cenah Pa Sukra - aki kuring - pernah jadi kapala Statsion Garut, sedengkeun Pa Kandi oge sarua boga jabatan PJKA (Ayeuna PT. KAI), anjeuna linggih di rumah dinas nu teu jauh ti Statsion Garut.

Ku hebatna Apa (pa Sukra tea), mun kabeneran kuring jeung indung rék mulang ka Garut, kareta can wani ngabius mun kuring can naek, dipikir-pikir siga ménak ogé.

Beda jeung harita, ayeuna mah PT. KAI robah pisan pelayanana. Nu unggul tina kareta, ka hiji loba pilihan, rek kelas ekonomi, bisnis atawa eksekutif. Kaduana, tepat waktu, teu ngaret. Mun calon panumpang telat, 5 detik ge pasti ditinggalkeun, moal siga kuring harita. Katiluna, tegas. Contona mun teu boga karcis atawa ngaroko di jero karéta, pasti di statsion saterusna wayahna kudu turun.

Jadi teu aneh mun jelema ayeuna loba nu pindah ngagunakeun transportasi darat siga kareta api, alesana mah pelayanan prima nu nyihir panumpang jadi pindah.

Bulan Juni taun ieu cenah kareta api jurusan Cibatu - Garut, bakal dioperasikeun, malah cenah rencana jadi Garut - Bandung - Jakarta. Eta teh jadi harepan kabéh ogé kuring warga asli Garut bisa milih sarana transportasi nu aman tur nyaman.

Cik urang tungguan reinkarnasi Si Gombar jeung Si Kuik teh.

Cag...... isuk sugan panggin jeun Ujang di Cikole .


Baca lainnya

0 Komentar :

Anda belum bisa berkomentar, Harap masuk terlebih dahulu.