3 Teks Khutbah Jumat Bahasa Sunda tentang Ikhlas yang Menyentuh Hati
Khutbah Jumat menjadi salah satu syarat sah shalat Jumat. Khutbah bisa dijadikan sarana untuk mengajak jamaah untuk memperbaiki diri, memperkuat keimanan, dan menata kembali niat dalam beribadah dan bermuamalah sehari-hari.
Banyak tema yang bisa disampaikan saat khutbah, salah satunya tentang ikhlas. Ikhlas menunjukkan kebersihan hati dan sikap seorang Muslim saat menghadapi berbagai ujian.
Warginet, di bawah ini adalah contoh-contoh teks khutbah berbahasa Sunda tentang ikhlas yang menyentuh hati dan bisa disampaikan kepada jamaah shalat Jumat.
Baca Juga: 3 Teks Khutbah Jumat Bahasa Sunda yang Bermakna dan Menyentuh Hati
Kumpulan Contoh Teks Khutbah Jumat Bahasa Sunda tentang Ikhlas
Contoh 1: Hate nu Beresih Jadi Konci Kasalametan Akherat
Khutbah I
اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ الْمُنْعِمِ عَلَى مَنْ أَطَاعَهُ وَاتَّبَعَ رِضَاهُ، الْمُنْتَقِمِ مِمَّنْ خَالَفَهُ وَعَصَاهُ، أَشْهَدُ أَنْ لآ إِلٰهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ شَهَادَةَ عَبْدٍ لَمْ يَخْشَ إِلَّا اللهَ، وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الَّذِي اخْتَارَهُ اللهُ وَاصْطَفَاهُ. اللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ، وَعَلَى اٰلِهِ وَصَحْبِهِ وَمَنْ وَالاَهُ
أَيُّهَا النَّاسُ، اِتَّقُوا اللهَ، وَتَفَكَّرُوْا فِي نِعَمِ رَبِّكُمْ وَاشْكُرُوْهُ، وَاذْكُرُوا آلَاءَ اللهِ وَتَحَدَّثُوا بِفَضْلِهِ وَلَا تَكْفُرُوْهُ، قَالَ اللهُ تَعَالَى فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ وَهُوَ أَصْدَقُ الْقَائِلِيْنَ، وَلَا تُخْزِنِي يَوْمَ يُبْعَثُونَ ، يَوْمَ لَا يَنْفَعُ مَالٌ وَلَا بَنُونَ ، إِلَّا مَنْ أَتَى اللَّهَ بِقَلْبٍ سَلِيمٍ
Hadirin rohimakumulloh
Puji sinareng syukur hayu urang sami-sami panjatkeun ka Alloh Robbun Gofur. Sholawat sareng salam anu utami mugia tetep ka Kangjeng Nabi Muhammad saw. anu diutus janten rohmat ka sadaya alam, miwah ka kulawargina, para sahabatna, para tabiin sareng tabiatna, dugika urang sadayana anu sapapaosna miharep syafaat di yaomil jaza.
Teu hilap, ngalangkungan mimbar anu mulya ieu, khotib ngahaturkeun kagegelan wasiat takwa, khusus ka diri khotib pribadi, umum ka sadayana ahli Jumah. Malah mandar sapaosna urang tiasa napak dina jalan kahadean keur ngahontal kasalametan, dunya rawuh akherat. Amin ya robbal alamin.
Hadirin rohimakumulloh Sapalihna konci kasalametan sareng karaharjaan urang sadayana di akherat teh nyaeta nyandak hate anu beresih atanapi hate anu salamet, sakumaha dawuhan Alloh dina Al-Quran:
وَلَا تُخْزِنِي يَوْمَ يُبْعَثُونَ ، يَوْمَ لَا يَنْفَعُ مَالٌ وَلَا بَنُونَ ، إِلَّا مَنْ أَتَى اللَّهَ بِقَلْبٍ سَلِيمٍ
Hartosna, “Ulah rek ngahinakeun Anjeun ka abdi dina poe sadaya manusa dibangkitkeun, nyaeta dina poe harta jeung barudak teu aya gunana, kacuali jalma-jalma anu mayun ka Alloh kalayan nyandak hate anu beresih,” (QS. Asy-Syu’ara [42]: 87-89).
Ayat anu neme teh mangrupikeun du’a Nabi Ibrohim, malahmandar dina poe kiamat mantenna henteu terhina miwah aya dina kasalametan. Dina leresan ieu, Syekh Wahbah az-Zuhaili dina kitabna Tafsir al-Munir, Juz 19, kaca 174, nguningakeun makna “qolbun salim”.
اَلْمُرَادُ بِالْقَلْبِ السَّلِيْمِ: هُوَ الْقَلْبُ الْخَالِي مِنَ الْعَقَائِدِ الْفَاسِدَةِ وَالأَخْلَاقِ الْمَرْذُوْلَةِ وَالْمَيْلِ إِلَى الْمَعَاصِي، وَعَلَى رَأْسِهَا الْكُفْرُ وَالشِّرْكُ وَالنِّفَاقُ
Hartosna, “Anu dimaksad ‘qalbun salim’ teh nyaeta hate anu beresih tina akidah anu ruksak, akhlak anu dicela, sareng kacondongan kana maksiat, anu utamana mah nyaeta kakufuran, kasyirikan sareng sifat kamunafekan.”
Hadirin rohimakumulloh
Ayat anu di luhur teh ngemutan ka urang sadayana, yen salian ti ngajagi amalan wajib sareng sunah, urang gaduh amalan anu teu kirang pentingna, nyaeta ngajagi kabersihan hate tina kakufuran, kasyirikan, sareng kamunafikan. Margi jelas kanggo urang, kabersihan hate jadi konci keur ngahontal kasalemetan dunya utamina akherat.
Kantenan, Imam Al-Ghazali parantos nguningakeun, yen hate eta teh eta pamingpin kanggo anggota badan sanesna. Janten, sae henteuna tingkah urang, kumaha kaayaan hate. Lamun hate urang sae, maka Insyaalloh padamelan urang bakal sae. Sabalikna, lamun hate urang kotor maka padamelan urang oge bakal awon, sakumaha anu tos diuningakeun ku Kangjeng Rosul:
أَلاَ وَإِنَّ فِي الجَسَدِ مُضْغَةً: إِذَا صَلَحَتْ صَلَحَ الجَسَدُ كُلُّهُ، وَإِذَا فَسَدَتْ فَسَدَ الجَسَدُ كُلُّهُ، أَلاَ وَهِيَ القَلْبُ
Hartosna, “Sing emut, yen dina jasad teh aya sagumpal daging. Lamun daging eta sae, maka sae oge sadayana jasad. Tapi lamun daging eta ruksak, maka ruksak oge sadayana jasad. Daging eta teh nyaeta hate,” (HR al-Bukhari).
Kalih ti eta, Alloh teu mandang rupa, wajah, sareng warna kulit urang. Nanging anu dipandang ku Mantenna teh nyaeta hate, sakumaha pidawuh Kangjeng Rosul saw. dina haditsna:
إِنَّ اللَّهَ تَعَالَى لَا يَنْظُرُ إِلَى صُوَرِكُمْ، وَلَا إِلَى أَمْوَالِكُمْ، وَلَكِنْ يَنْظُرُ إِلَى قُلُوبِكُمْ وَأَعْمَالِكُمْ
Hartosna, “Saenya-enyana Alloh teu mandang rupa sareng harta aranjeun, tapi mandang hate sareng amalan aranjeun,” (HR. Al-Thabrani).
Hadirin rohimakumulloh
Ku hal sakitu, kalintang pentingna kanggo urang meresihan hate. Margi hate mangrupikeun bagean pang pentingna dina awak urang. Disebat pang pentingna, sabab hate anu nangtukeun hade jeung gorengna amal anggota badan urang sanesna, sakaligus anu nangtukeun aya nilaian sareng henteuna amal urang.
Contona, nalika urang midamel hiji amal kasaean. Tah eta amal teh tiasa wae jadi henteu aya nilaina di payuneun Alloh kusabab niatna awon atanapi henteu ikhlas karena Alloh, alias dina hate urangna masih aya rasa riya, hoyong katangar, hoyong kapuji tur kadangu ku batur, dibarengan ku ujub takabur, sareng sajabina. Nu akhirna amal urang teh janten sia-sia teu aya ganjarannana di payuneun Alloh. Sakali deui, eta akibat hate anu anu hente beresih.
Kauntungannana, nalika hate urang tos beresih, bakal kaluar tingkah sareng akhlak anu sae, sopan, ramah sareng jauh tina hal-hal anu nganyerikeun sareng ngarendahkeun batur. Tina hate anu beresih, teu aya deui sifat iri dengki, sareng ngewa ka papada jalma. Hate anu bersih oge bakal masihan pangaruh kana lisan. Sabab jelas lisan teh mangrupikeun eunteung tina hate. Biasana, lamun hatena kotor mah, dihade-hade oge bakal kaluar ucapan sareng tingkah atanapi roman raray anu anu goreng. Walhasil, hate anu beresih bakal nimbulkeun akhlak sareng adab anu sae. Sareng deui, hate anu bersih teh konci keur urang ngahontal kasalametan di akherat jaga.
Ku hal sakitu, nalika hate urang kotor teh, urang kedah isin sareng geuwat diberesihan. Margi Alloh Maha Uninga kana kaayaan sareng gerentes hate urang. Ti kawit ayeuna, hayu urang sami-sami mersihan hate urang terutami tina kasyirikan, kakufuran, sareng kamunafikan. Kalih ti eta urang kedah mersihan hate tina rupi-rupi panyawatnya, ti kawit riya, sum’ah, ujub, takabur, sombong, hasud, dengki, mangmang sareng goreng sangka ka pangeran, sareng sajabina.
Hadirin rohimakumulloh
Nanging sagigireun ti eta, urang oge kedah uninga, hate teh anggota diri urang anu nyumput, alias teu katinggal, teras bagean diri urang pang gampangna kapangaruhan, gampang robah, sahingga hese diubaran. Ku sabab eta, dina nalika urang memeresna, seueurkeun munajat ka Alloh supados dipaparin kamudahan. Di antawisna ngaalngkungan du’a:
يَا مُقَلِّبَ الْقُلُوبِ ثَبِّتْ قَلْبِي عَلَى دِينِكَ
Hartosna, “He Dzat anu mulak-malikkeun hate, pancegkeun hate abdi dina agama Anjeun.”
Saatosna hate urang panceg dina agama Alloh, seueurkeun ngaos du’a ieu:
رَبَّنَا لاَ تُزِغْ قُلُوبَنَا بَعْدَ إِذْ هَدَيْتَنَا وَهَبْ لَنَا مِن لَّدُنكَ رَحْمَةً إِنَّكَ أَنتَ الْوَهَّابُ
Hartosna, “He Pangeran abdi sadaya, ulah rek ngajadikeun hate abdi condong kana kasesatan saparantos Anjeun masihan pituduh ka abdi sadaya, sareng paparinkeun ka abdi rohmat nu aya di sagigireun Anjeun. Saenya-enya Anjeun Dzat anu Maha Maparin karunia," (QS. Âli 'Imrân [3]: 8).
Mugia wae urang dipaparin hate anu beresih ku Alloh, sahingga janten modal urang kanggo ngahontal kasalametan miwah karaharjaan di dunya rawuh akherat. Amin ya robbal alamin.
بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ، وَتَقَبَلَّ اللهُ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ، إِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ، أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ الْعَظِيْمَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرّحِيْمَ
Khutbah II
اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ الَّذِيْ أَمَرَنَا بِاْلاِتِّحَادِ وَاْلاِعْتِصَامِ بِحَبْلِ اللهِ الْمَتِيْنِ. أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلٰهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ، إِيَّاهُ نَعْبُدُ وَإِيَّاُه نَسْتَعِيْنُ. وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَلْمَبْعُوْثُ رَحْمَةً لِلْعَالَمِيْنَ. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ. اِتَّقُوا اللهَ مَا اسْتَطَعْتُمْ وَسَارِعُوْا إِلَى مَغْفِرَةِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ. إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ، يَاأَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا، اللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ، وَعَلَى اٰلِهِ وَصَحْبِهِ أَجْمَعِيْنَ اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَ الْمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالْاَمْوَاتْ إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ وَيَا قَاضِيَ الْحَاجَاتِ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّحِمِيْنَ ، اَللَّهُمَّ يَا مُيَسِّرَ كُلِّ عَسِيْرٍ ، وَيَا جَابِرَ كُلِّ كَسِيْرٍ ، وَيَا صَاحِبَ كُلِّ فَرِيْدٍ ، وَيَا مُغْنِيَ كُلِّ فَقِيْرٍ ، وَيَا مُقَوِّيَ كُلِّ ضَعِيْفٍ ، وَيَا مَأْمَنَ كُلِّ مَخِيْفٍ ، يَسِّرْ عَلَيْنَا كُلَّ عَسِيْرٍ ، فَتَيْسِيْرُ الْعَسِيْرِ عَلَيْكَ يَسِيْرُ ، حَاجَاتُنَا إِلَيْكَ كَثِيْرٌ، يَا مَنْ لَا يَحْتَاجُ إِلَّا الْبَيَانِ وَالتَّفْسِيْرِ، أَنْتَ عَالِمٌ بِهَا وَبَصِيْرٌ، رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ عِبَادَ اللهِ، إِنَّ اللهَ يَأْمُرُكُمْ بِالْعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيتَآئِ ذِي الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَآءِ وَالْمُنكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذْكُرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَادْعُوْهُ يَسْتَجِبْ لَكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ
(Disadur dari NU Online, oleh M. Tatam Wijaya, Penyuluh dan Petugas KUA Sukanagara-Cianjur, Jawa Barat)
Contoh 2: Hikmah Tina Musibah
Khutbah I
اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِي خَلَقَ الْمَوْتَ وَالْحَيَاةَ لَيَبْلُوَكُمْ أَيُّكُمْ أَحْسَنُ عَمَلاً، وَأَشْهَدُ أَنْ لَّا إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ، لَهُ الْمُلْكُ وَلَهُ الْحَمْدُ، يُحْيِي وَ يُمِيْتُ وَهُوَ عَلَى كًلِّ شَيْءٍ قَدِيْرٌ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُولُهُ، اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِه ِأَجْمَعِيْنَ اَمَّابَعْـدُ: فَـيَااَيُّـهَا النَّـاسُ اتَّقُـوْ اللهَ حَقَّ تُقَـاتِـهِ وَلاَتَمُـوْتُـنَّ اِلاَّ وَاَنْـتُمْ مُسْـلِمُـوْنَ. وَقَالَ اللّهُ تَعَالَى فِى الْقُرْأَنِ الْكَرِيْمِ ، أَعُوْذُ بِااللّهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ. بِسۡمِ ٱللَّهِ ٱلرَّحۡمَٰنِ ٱلرَّحِيم. أَحَسِبَ النَّاسُ أَنْ يُتْرَكُوا أَنْ يَقُولُوا آمَنَّا وَهُمْ لَا يُفْتَنُونَ
Hadirin Ahli Jum’ah Rahimakumullah
Dina sababaraha dinten kapengker, sabagian dulur urang nu aya di daerah, khusus di Aceh jeung Sumatra, nuju katibanan musibah banjir. Mun seug ku urang dititenan, sabab éta musibah tiasa waé gara-gara manusa kénéh anu ngolah ieu alam.
Sapertosna alam tos murka kana tingkah jeung kasarakahan manusa anu teu eureun-eureun ngalaan hasilna.
Tangtos katingal ku urang sadayana, ayeuna tos seueur leuweung anu robah fungsi janten lahan industri atanapi pamukiman. Seuseur tatangkalan anu ditebang. Akibatna seueur gunung anu lenang, cai hujan nu teu kaserep jeung teu kawadahan.
Nanging lepas tina sagala tingkah jeung kasalahan manusa, Al-Qur’an parantos nganyatakeun, yén sadayana nu tumiba parantos digariskeun ku Alloh SWT. Sakumaha dawuh-Na dina serat At-Taubah ayat 51:
قُلْ لَنْ يُصِيْبَنَا إلاَّ مَا كَتَبَ اللهُ لَنَا هُوَ مَوْلاَنَا وَعَلَى اللهِ فَلْيَتَوَكَّلِ الْمُؤْمِنُوْنَ
Hartosna: “Dugikeun (Muhammad): Sama sakali moal nimpa kaula salian ti perkara anu tos ditetepkeun ku Alloh ka kaula. Anjeunna nu nangtayungan kaula, jeung ukur ka Alloh jalma-jalma anu iman kudu tawakal.” (At-taubah: 51)
Dina ayat anu nembé, Alloh ngajelaskeun yén satiap anu tumiba tos digariskeun ku Alloh. Sahingga dina leresan ieu urang kedah ridho kana papasten ti Alloh. Sareng kedah hungkul ka Alloh, urang nyuhunkeun pitulung. Urang kedah sing sabar, kumaha nu sabar téh? Saur Alloh nalika ditibanan musibah, ngucapkeun:
اِنَّا لِلّهِ وَإِنَّا إِلَيْهِ رَاجِعُونَ
Hadirin Rahimakumullah
Urang terkadang mandang musibah teh hiji perkara anu kirang saé, pikasediheun, pikabeurateun, sareng matak nyangsarakeun. Padahal mah di sapengkereun musibah téh seueur hikmah jeung kasaéan. Janten urang ulah waka awon sangki ka Pangéran, kantenan upamina su’ul adab mah.
Di antawis hikmah lungsurna ujian téh nyaéta:
Kahiji, musibah teh jadi ujian kaimanan jeung kasobaran keur hiji hamba. Jadi urang ulah waka ngaku jadi jalma anu iman samemeh dipaparin ujian atanapi cocobi. Hal itu saluyu sareng dawuhan Alloh:
أَحَسِبَ النَّاسُ أَنْ يُتْرَكُوا أَنْ يَقُولُوا آمَنَّا وَهُمْ لَا يُفْتَنُونَ
Hartosna: ’Naha manusa nyangka yen maranehna diantep ngucapkeun ‘Kaula geus iman’, sedengkeun maranehna teu acan diuji.” (Al-‘Ankabut: 2-3).
Kadua, musibah teh wujud kanyaah sareng kadeudeuh Alloh. Teu seueur nu uninga yen musibah teh cara Alloh keur mikanyaah hamba-Na. Hal ieu saluyu jeung salah sawios dawuhan nabi urang sadayana:
إِنَّ عِظَمَ الْجَزَاءِ مَعَ عِظَمِ الْبَلاَءِ وَإِنَّ اللَّهَ إِذَا أَحَبَّ قَوْمًا ابْتَلاَهُمْ فَمَنْ رَضِىَ فَلَهُ الرِّضَا وَمَنْ سَخِطَ فَلَهُ السَّخَطُ
Hartosna: “Balesan anu gede teh di sagigireun ujian anu beurat. Saenya-enyana Alloh, nalika mikaresep ka hiji kaum, maka Alloh bakal mere ujian ka maranehna. Sing saha anu ridho, maka manehna berhak meunang ridho-Na. Sing saja anu ngewa, maka manehna bakal meunang bebendu-Na.” (Hadis Riwayat At-Tirmidzi).
Katilu, musibah teh salah sawios cara Alloh pikeun ngahapus atanapi ngifaratan dosa-dosa hamba-Na. Hal ieu sakumaha anu diuningakeun ku Kangjeng Rosul:
مَا مِنْ مُسْلِمٍ يُصِيبُهُ أَذًى مِنْ مَرَضٍ، فَمَا سِوَاهُ إِلَّا حَطَّ اللهُ بِهِ سَيِّئَاتِهِ
Hartosna: “Teu pati-pati hiji jalma muslim ditimpa musibah penyakit atawa musibah sanesna kecuali ku musibah éta Alloh ngahapus kasalahan-kasalahanana,” (Hadis Riwayat Abu Dawud).
Hadirin Rahimakumullah
Di sagigireun ti tilu hikmah nu éta, urang kedah emut yén musibah tiasa waé janten panggeuing sangkan éling ka jalma jalma anu cicing dibumi, khususnya keur jalma-jalma anu laley/poho ka Alloh (teu eling), teu toat kana parentah Alloh, jeung loba migawe ma’siat tara tobat. Salian ti urang kedah yakin yen satiap musibah anu tumiba di bumi atanapi kana diri saha wae hakekatna papasten Alloh.
Hal ieu luyu sareng dawuhan Alloh dina suroh Al-Hadid ayat 22:
مَا أَصَابَ مِنْ مُصِيبَةٍ فِي الْأَرْضِ وَلَا فِي أَنْفُسِكُمْ إِلَّا فِي كِتَابٍ مِنْ قَبْلِ أَنْ نَبْرَأَهَا
Hartosna: “Teu aya hiji bencana anu nimpa di muka bumi jeung nu nimpa kana diri aranjeun, kecuali geus ditulis dina kitab (lauh Mahfuzh) samemeh Kaula nyiptakeunnana,” (al-Hadid ayat: 22).
Ku hal sakitu, musibah naon waé anu tumiba ka urang atanapi ka dulur urang, teu leupas tina hikmah. Dina leresan ieu, hayu urang gotong-royong, rempug jukung sauyunan, nembongkeun duduluran tur kapedulian kasasama.
Tembongkeun sanajan sakamampuan. Badé harta, badé harti, atanapi emutannana. Badé ageung atanapi alitna urang sami-sami laksanakeun. Insya Alloh, Alloh bakal nulungan hamba-Na salami éta hamba nulungan dulurna.
بَارَكَ اللهُ لِى وَلَكُمْ وَلِجَمِيْعِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اِنَّهُ هُوَالْغَفُوْرُالرَّحِيْمُ
Khutbah II
اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِىْ اَمَرَنَابِاكَثْرَةِ ذِكْرِاللهِ وَامْتِثَالِ اَوَامِرِاللهِ وَاجْتِنَابِ نَوَاهِيْهِ. اَشْهَدُ اَنْ لاَّاِلَهَ اِلاَّاللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ, وَاَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ, اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى عَبْدِكَ وَرَسُوْلِكَ سَيِّدِنَامُحَمَّدٍنِ ابْنِ عَبْدِاللهِ وَعَلَى اَلِهِ وَاَصَحَابِهِ. اَمَّابَعْدُ: فَيَاعِبَادَاللهِ, اِتَّقُواالله َحَقَّ تَقْوَاهُ وَاَحُثُّكُمْ وَاِيَّايَ عَلَى طَعَةِ اللهِ وَطَعَةِ رَسُوْلِهِ فِىْ كُلِّ وَقْتٍ لَّعَلَّكُمْ تُفْلِحُوْنَ. اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اَلْاَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ. رَبَّنَاأَنْزِلْنَا مُنْزَلاً مُبَارَكاً وَأَنْتَ خَيْرُ الْمُنْزِلِيْنَ. رَبَّنَاٱفۡتَحۡ بَيۡنَنَا وَبَيۡنَ قَوۡمِنَابِٱلۡحَقِّ وَأَنتَ خَيۡرُ ٱلۡفَٰتِحِينَ.رَبَّنَاأَفْرِغْ عَلَيْنَاصَبْرًاوَثَبِّتْ أَقْدَامَنَاوَانْصُرْنَاعَلَى الْقَوْمِ الْكَافِرِينَ. رَبَّنَا اَتِنَا فِى الدُّنيَا حَسَنَةً وَّفىِ اْلاَخِرَة حَسَنَةً وَّقِنَاعَذَابَالنَّارِ.بِرَحْمَتِكَ يَااَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ وَالْحَمْدُ للهِ رَبِّ الْعَالَمِيْن
(Disadur dari PCNU Cilacap oleh Imam Hamidi Antassalam)
Contoh 3: Opat Perkara nu Matak Nyilakakeun Diri
Khutbah I
إِنَّ الْحَمْدَ ِللهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ وَنَعُوْذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِن سَيّئَاتِ أَعْمَالِنَا مَنْ يَهْدِهِ اللهُ فَلاَ مُضِلّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ ، أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلهَ إِلاّ اللهُ وَأَشْهَدُ أَنّ مُحَمّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلى آلِهِ وِأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدّيْن،
أمَّا بَعْدُ، فَيَاعِبَادَ اللهِ، أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِي بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ: قَالَ اللهُ تَعَالى فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ وَهُوَ أَصْدَقُ الْقَائِلِيْنَ، أعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ، بِسْمِ اللهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ، يَاأَيّهَا الّذَيْنَ آمَنُوْا اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ، وَقَالَ: وَلَا تُلْقُوا بِأَيْدِيكُمْ إِلَى التَّهْلُكَةِ ، صَدَقَ اللهُ الْعَظِيْمُ وَصَدَقَ رَسُوْلُهُ الْحَبِيْبُ الْكَرِيْمُ وَنَحْنُ عَلَى ذَلِكَ مِنَ الشَّاهِدِيْنَ وَالشَّاكِرِيْنَ وَالْحَمْدُ للهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ
Hadirin Sidang Jumah anu dimulyakeun ku Alloh Sugrining puji anu sampurna sareng pangalem anu sagemlengna eta tetep kagungan Alloh. Anu mikawelas ka abdi-abdina. Anu Ngaluhurkeun darajat kanu bakti ka anjeunna.
Alhamdulillah, kersaning irodah sareng inayah Mantenna, urang sadayana masih dipaparin kasempetan tur rupi-rupi kani’matan, terutami ni’mat iman sareng Islam. Teu aya kajabi ni’mat kakiatan, sahingga dina ieu danget urang masih kapanggil ngalaksanakeun salah sawios parentah-Na, nyaeta ibadah jumah. Mugia wae urang sadayana sapapaosna dipaparin kakiatan sareng hidayah kanggo istiqomah ngabakti ka Mantenna. Amiin ya robbal alamin.
Solawat anu utami mugi tetep ka pang afdol-afdolna nabi, nyaeta Kangjeng Nabi Muhammad saw., sosok istimewa anu nganteurkeun urang sadayana kana jalan kabagjaan miwah jalan katakwaan.
Solawat miwah salam oge mugia sing dikucurkeun ka kulawargina, ka para sahabatna, tabiin tabiat-na, dugi ka urang sadayana salaku umatna anu miharep diangken umatna kalayan jaga kenging syafaatna. Amiin ya robbal alamin.
Salajengnya, ngalangkungan ieu minbar, khotib seja ngahaturkeun kagegelan wasiat ka sadayana anu hadir, khusus ka diri pribadi, hayu urang sami-sami ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan ka Gusti Alloh Anu Maha Suci.
Sabab, teu aya deui pang sae-saena bekel urang mayunan kahirupan lana di akherat jaga anging kaimanan sareng katakwaan. Takwa hartosna sajalan sareng parentah Alloh oge mumpang sagala rupi panyegah-Na.
Hadirin Sidang Jumah anu dimulyakeun ku Alloh Sadayana jalmi, bade mu’min bade kafir, anu kumelenang di alam dunya tangtos hoyong bagja tur salamet. Teu aya kajabi jalmi zolim jeung jalmi jahat. Nanging, hanjakal teu satiap jalma sadar kana jalan anu matak nganteurkeun kana kasalametan. Teu sadayana jalma sadar yen anu disorang ku dirina eta teh jalan nu matak nganteurkeun kana kacilakaan.
Tah kaitan sareng jalan anu matak nyilakakeun diri, khotib seja nyebat salah sawios katerangan nu sumping ti Kangjeng Rosul sakumaha anu dipetik ku Imam Ibnu Hajar Al-‘Asqalani dina kitabna. Disebatkeun dina eta kitab, Kangjeng Rosul parantos ngadawuh:
عَلَامَاتُ الشَّقَاوَةِ أَرْبَعَةٌ
Ari ciri-ciri perkara anu matak nyilakeun diri, saur Kangjeng Rosul, eta aya opat. Mana anu opat perkara teh? Nu kahiji nyaeta:
نِسْيَانُ الذُّنُوْبِ الْمَاضِيَةِ وَهِيَ عِنْدَ اللهِ مَحْفُوْظَةٌ،
Urang mopohokeun kana dosa anu tos kaliwat. Sedengkeun ari namina dosa, salami teu ditobatan, sareng teu kenging panghampura Alloh, eta bakal natrat dina catetan Mantenna, sahingga jaga di akherat kedah dipertanggung-jawabkeun.
Ku hal sakitu, kaitan dosa sareng kasalahan urang, imma anu hak adami atanapi anu hak Ilahi, eta kedah diemut-emut ku urang. Sugan we ari tos diemut-emut mah, dina hate timbul rasa hanjakal anu ka dituna bakal nganteurkeun kana tobat, tobat anu nasuha, hartsona tobat anu leres-leres. Lahir tina citeres hate nu haneueul jeung patekadan nu kuat moal rek balik deui kana milampah dosa anu sarupa.
Nu kadua, saur pidawuh Rosul, perkara anu matak nganteurkeun kana cilaka teh nyaeta:
ذِكْرُ الْحَسَنَاتِ الْمَاضِيَةِ وَلَا يَدْرِي أَ قُبِلَتْ أَمْ رُدَّتْ
Urang nyebut-nyebut kahadean anu tos kaliwat. Sabab, hiji jalma teu apal naha kahadean dirina ditampi ku Alloh atanapi ditolak. Sahingga, ulah waka ujub jeung takabur geus mampu migawe kahadean, sabab can aya nu terang kahadeannana dipikarido ku Alloh atanapi ditolak.
Kalih ti eta, kamampuan urang midamel kahadean oge sumpingna ti Alloh. Nyakitu keneh harta anu diinfakkeun ku urang, lamun eta kahadean patali jeung harta, hartana oge titipan Alloh, sahingga keur jalmi anu ikhlas sareng pasrah ka Alloh, naon atuh anu kedah dibanggakeun sareng disombongkeun, dipayuneun jalma nyakitu keneh di payuneun Alloh Robbul Izzati.
Hadirin Sidang Jumah anu dimulyakeun ku Alloh Salajengnya, nu katiluna, perkara nu matak nyilakakeun teh nyaeta:
نَظْرُهُ إِلَى مَنْ فَوْقَهُ فِي الدُّنْيَا
Ningal ka jalma anu saluhureun darajatna dina urusan dunia. Tah perkara sarupa kieu teh mineng terjadi ka diri urang sorangan. Dina masalah harta banda jeung kakayaan, urang sok ngabanding-banding diri jeung batur. Urang sok nganggap diri leuwih hina ti batur lamun aya dina sahandapeun batur dina urusan dunya.
Seseringna, urang tara ningal ni’mat Alloh anu tos dipasihkeun ka urang. Sabaliknya, urang leuwih sering merhatikeun pangaboga sareng ni’mat anu aya di batur. Akhirna, urang poho kana syukur sareng nyukuran ni’mat Alloh anu dianugrahkeun ka urang. Nu antukna deui, timbul sifat hasud jeung iri dengki ka batur.
Terakhir, nyaeta nu kaopat, sakumaha pidawuh Rosul, perkara anu matak nganteurkeun kana cilaka diri teh nyaeta:
نَظْرُهُ إِلَى مَنْ دُوْنَهُ فِي الدِّيْنِ
Ningal ka jalma anu sahandapeun darajatna dina urusan agama. Hartosna, dina urusan taat sareng ibadah, urang sorangan terkadang sok ningal ka jalma anu sahandapeun urang. Nu antukna, kualitas sareng kuantitas ibadah urang leuwih handap deui ti jalma anu dibandingkeun jeung urang.
Hadirin Sidang Jumah anu dimulyakeun ku Alloh Tah, saparantosna urang nitenan ciri-ciri perkara anu matak nganteurkeun kana cilaka, urang kedah ngeureuyeh nebihan perkara-perkara anu disebatkeun eta, lamun urang leres-leres hoyong ngahontal kabagjaan dunya sareng akherat. Ulah rek ngagebruskeun diri urang kana kacilakaan. Anggur mah, prak laksanakeun sikap-sikap anu sabalikna di luhur.
Seueurkeun emut kana dosa jeung kasalahan diri, pohokeun kahadean anu tos dipilampah ku urang, tingal jalma anu sahandapeun ti urang dina urusan hartana supaya urang seueur bersyukur, oge tingal jalma anu saluhureun ti urang dina amal ibadahna. Insya Alloh, urang kagolong jalma anu bagja. Amin ya robbal alamin.
بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِي اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ. أَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأَسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ، لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ، إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم
Khutbah II
اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ حَمْدًا كَثِيْرًا كَمَا أَمَرَ، أَشْهَدُ أَنْ لَا اِلَهَ اِلَّا الله وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ إِرْغَامًا لِمَنْ جَحَدَ بِهِ وَكَفَرَ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ سَيِّدُ الْخَلَائِقِ وَالْبَشَرِ. اَللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الْمَحْشَرِ أَمَّا بَعْدُ، فَيَا أَيُّهَا النَّاسُ أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِيْ بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ. فَقَالَ اللهُ تَعَالَى: إِنَّ اللهَ وَمَلَائِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ، يٰأَيُّها الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا اَللَهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدَنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ سَيِّدَنَا مُحَمَّدٍ اَللّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ، اَلْأَحْياءِ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ، اَللّٰهُمَّ اغْفِرْ لَنَا وَلِوَالِدَيْنَا وَارْحَمْهُمَا كَمَا رَبَّيَانَا صِغَارًا، اَللّٰهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتَنِ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا إِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ بُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عامَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. اَللّهُمَّ أَرِنَا الْحَقَّ حَقًّا وَارْزُقْنَا اتِّبَاعَهُ وَأَرِنَا الْبَاطِلَ بَاطِلًا وَارْزُقْنَا اجْتِنَابَهُ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. وَاَلْحَمْدُ لِلّٰهِ رَبِّ الْعٰلَمِيْنَ عِبَادَ اللهِ، اِنَّ اللّٰهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَالْاِحْسَانِ وَاِيْتَاۤئِ ذِى الْقُرْبٰى وَيَنْهٰى عَنِ الْفَحْشَاۤءِ وَالْمُنْكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ، وَاشْكُرُوْا عَلَى نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَاسْأَلُوْهُ مِنْ فَضْلِهِ يُعْطِكُمْ ، وَلَذِكْرُاللهِ أَكْبَرُ
(Disadur dari NU Online, oleh M. Tatam Wijaya, Penyuluh dan Petugas KUA Sukanagara-Cianjur, Jawa Barat)
Baca Juga: 3 Contoh Teks Khutbah Jumat Bahasa Sunda tentang Penyakit Hati untuk Muhasabah Diri
0 Komentar
Anda belum bisa berkomentar, Harap masuk terlebih dahulu.