ADVERTISEMENT
Beranda 3 Teks Khutbah Jumat Bahasa Sunda yang Bermakna dan Menyentuh Hati
ADVERTISEMENT

3 Teks Khutbah Jumat Bahasa Sunda yang Bermakna dan Menyentuh Hati

2 jam yang lalu - waktu baca 13 menit
Ilustrasi khutbah jumat oleh khatib | Muhammad Adil/Unspash

Khutbah Jumat merupakan bagian penting yang tak terpisahkan dari salat Jumat. Di dalamnya, khatib menyampaikan nasihat keagamaan, pengingat moral, sekaligus ajakan untuk memperbaiki diri dan meningkatkan ketakwaan.

Khutbah disampaikan di hadapan jamaah dengan latar belakang beragam, sehingga sering kali dikemas dengan bahasa yang dekat dengan kehidupan sehari-hari agar pesannya mudah dipahami dan menyentuh hati.

Salah satu cara agar pesan khutbah terasa lebih membumi adalah dengan menggunakan bahasa daerah, seperti bahasa Sunda. Pilihan bahasa ini bukan sekadar soal komunikasi, tetapi juga soal kedekatan emosional.

Berikut tiga khutbah Jumat berbahasa Sunda yang menyentuh hati dan relevan untuk direnungkan bersama.

Kumpulan Contoh Teks Khutbah Jumat Bahasa Sunda yang Menyentuh Hati

Contoh 1: Nuluykeun Kabiasaan Maca Al-Qur’an

Khutbah I  

 اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ الَّذِيْ تَفَرَّدَ بِجَلَالِ مَلَكُوْتِهِ، أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلَهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مُوْقِنٍ بِتَوْحِيْدِهِ، وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّداً عَبْدُهُ الْمُصْطَفَى، وَأَمِيْنُهُ الْمُجْتَبَي وَرَسُوْلُهُ الْمَبْعُوْثُ إِلَى كَافَةِ الْوَرَى، اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ مَصَابِيْحِ الدُّجَى، وَعَلَى أَصْحَابِهِ مَفَاتِيْحِ الْهُدَى، وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كَثِيْراًأَمَّا بَعْدُ: أَيُّهَا النَّاسُ، اِتَّقُوا اللهَ وَاعْبُدُوْهُ، فَإِنَّ اللهَ خَلَقَكُمْ، لِذَلِكَ قَالَ تَعَالَى: ﴿ سَنُرِيهِمۡ ءَايَٰتِنَا فِي ٱلۡأٓفَاقِ وَفِيٓ أَنفُسِهِمۡ حَتَّىٰ يَتَبَيَّنَ لَهُمۡ أَنَّهُ ٱلۡحَقُّۗ أَوَلَمۡ يَكۡفِ بِرَبِّكَ أَنَّهُۥ عَلَىٰ كُلِّ شَيۡءٍ شَهِيدٌ ﴾ صَدَقَ اللهُ الْعَظِيْمُ 

Sidang Jumah anu dimulyakeun ku Alloh Puji sareng syukur urang sami-sami panjatkeun ka Alloh Nu Maha Gofur. Dzat anu teu aya lirenna maparin ni’mat ka urang sadayana. Solawat miwah salam mugia dilimpahkeun ka Baginda Rosul, Nabi Muhammad Saw oge ka para sahabatna, para tabi’in sareng tabiatna, hingga urang sadayana anu miharep kakiatan kanggo tumut kana sunah sareng ajaranna.  

Sidang Jumah anu dimulyakeun ku Alloh

Ayana urang di alam dunya teh kedah gaduh tujuan anu tangtu. Sabab, lamun teu gaduh tujuan, urang bakal gampang luak-leok ka mana wae, nu akhirna matak ka sasar lampah. Salajengna, tujuan oge kedah jelas sareng leres. Sabab, lamun henteu jelas mah, bisa wae urang ngahontal tujuan anu salah. Akhirna urang cilaka-cilaka keneh.

Ku hal sakitu, tujuan hirup urang teh kedah leres oge tangtu. Kanggo nangtoskeunnana, urang tos dipandu ku Alloh Ta’ala dina Al-Quran, nyaeta dina do’a anu sok biasa diaos ku urang: 

  رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الْآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ  

Hartosna, “He Pangeran abdi sadaya, pasihan abdi kasaean di dunya sareng kasaean di akherat, sarta salametkan abdi tina siksa seueneu naraka,” (QS. Al-Baqarah: [2]: 201).

Janten numutkeun ieu ayat, tujuan anu kedah dihontal ku urang teh nyaeta kabagjaan di dunya, kabagjaan di akherat, sareng kasalametan tina seuneu naraka.    Sidang Jumah anu dimulyakeun ku Alloh  Nanging, dina prak-prakkannana, urang sok leuwih museur kana tujuan di dunya, sedengkeun tujuan di akherat oge kasalametan tina seuneu naraka mah sok katotolerkeun. Tah meungpeung urang masih dipaparin kasempetan kumelenang di alam dunya, hayu urang lereskeun tujuan urang.     Salajengna, kumaha carana supaya urang tiasa ngahontal kabagjaan dunya akherat?  Carana, pilari Alloh di dunya, Insyaalloh urang tiasa milari Alloh di akherat. Pendakan Alloh di dunya, Insyaalloh, urang bakal pendak sareng Alloh di akherat. Sing ma’rifat urang ka Alloh, Insyaalloh urang bakal ma’rifat ka Alloh di akherat.    Hal ieu sanes mung ukur kira-kira, nanging parantos dirumuskeun ku para ulama hakekat, di antawisna ku Syekh Ibnu ‘Athaillah dina kitab Al-Hikam.

مِنْ عَلَامَاتِ النَّجْحِ فِي النِّهَايَاتِ اَلرُّجُوْعُ إِلَى اللهِ فِي الْبِدَايَاتِ  

 Hartosna, “Di antara tanda kesuksesan di akhir (akhirat) nyaeta uih ka Alloh di awal (dunya).”

Sidang Jumah anu dimulyakeun ku Alloh  Numutkeun Syekh Ibnu ‘Atha’illah, supaya urang tiasa ngahontal kabagjaan jeung kasalametan di akherat teh nyaeta uih ka Alloh di dunya keneh. Dumasar hal ieu, janten atuh urang teh wajib uninga ka Alloh. Wajib ma’rifat ka Alloh.

Saatos ma’rifat insya Alloh urang bakal tiasa nyambung, kumaula sareng eling ka Gusti Alloh.

Dina leresan ieu, urang parantos dipaparin rambu-rambu supados tiasa ma’rifat ku Alloh. Nyaeta nitenan tanda-tanda kakawasaan Alloh nu aya dina diri sareng sakurilingeun urang. Kitu sakumaha dina Al-Quran:   

 سَنُرِيْهِمْ اٰيٰتِنَا فِى الْاٰفَاقِ وَفِيْٓ اَنْفُسِهِمْ   

Hartosna, “Kaula bakal ningalikeun keur maranehna tanda-tanda (kakawasaan) Kaula di satiap penjuru bumi sareng dina diri maranehna sorangan,” (Q.S. Fushilat [41]: 53). 

Pantesan ku ulama disebatkeun, di antawisna dina kitab Hilyatul Auliya kagungan Abu Na’im, Jilid 10, kaca 108, nalika urang hoyong uninga ka Pangeran, maka sing uninga kana diri.  

مَنْ عَرَفَ نَفْسَهُ فَقَدْ عَرَفَ رَبَّهُ   

Hartosna, “Sing saha-saha jalma anu tos uninga ka dirina, maka temen-temen bakal uninga ka Pangerannana.”

Sidang Jumah anu dimulyakeun ku Alloh  Hal ieu negeskeun keur urang, lamun hoyong ma’rifat ka Alloh, urang kedah leres-leres uninga kana tanda-tanda kakawasaan Alloh nu aya dina diri urang sareng sakuriling urang.

Nanging, ma’rifat di dieu sanes ukur kana lahiriah atanapi fisikna hungkul, tapi kedah langkung ti kitu. Hartos urang kedah uninga kana jati diri sareng hakekat urang nu saenyana. Ti mana urang, tina naon urang. Ku saha urang diciptakeun, keur di mana urang, naon tugas jeung tujuan urang. Dibekelan naon urang. Oge bakal uih ka mana urang.

Eta pertarosan anu mendasar anu kedah kawaler ku urang. Dugika urang uninga kana asal-muasal diri urang, uninga ka Pangeran anu nyiptakeun urang, naon tugas urang, oge uninga kana sifat, watak, jeung tabiat diri urang sorangan.  

Nyakitu keneh urang kedah uninga yen dina diri urang ngancik sifat-sifat kahewanan anu kedah dielehkeun ku sifat-sifat kasaean urang. Memang saleresna eta sifat pamekelan Pangeran, sakumaha anu tos diuningakeun: 

   فَأَلْهَمَهَا ‌فُجُورَهَا وَتَقْوَاهَا

Hartosna, “Maka Alloh ngailhamkeun kana diri manusa kafasekan sareng katakwaanna,” (QS. As-Syams [91]:8).

Nanging upami urang hoyong unggul ti makhluk lian, maka kedah bisa ngelehkeun sifat-sifat kahewanan tur sifat-sifat goreng sanesna. Dijelaskeun ku Imam al-Ghazali, nalika hiji jalma tos tiasa ngelehkeun sifat-sifat kahewanan, oge nyeueurkeun sifat-sifat kasaean, maka Insyaalloh bakal tiasa langkung caket ka Pangeran. Sabab, Pangeran janten sumber sagala rupi kasaean.

  Nalika tos mingkin caket ka Pangeran, maka urang bakal langkung ngawaro ka Pangeran, sakumaha tugas anu tos dipaparinkeun ku Mantenna.

 وَمَا ‌خَلَقْتُ الْجِنَّ وَالْإِنْسَ إِلَّا لِيَعْبُدُونِ

Hartosna: “Teu pati-pati Kaula nyiptakeun jin sareng manusa, anging supaya aribadah ka Kaula,” (QS. Adz-Dzariyat [51]: 56). 

Sidang Jumah anu dimulyakeun ku Alloh

Singketna, salaku manusia urang kedah uninga kana jati diri urang, kedah ma’rifat ka Pangeran, kedah uninga kana tujuan anu saenyana, kedah uninga kana cara ngahontalna.

Sing emut, tujuan hirup urang teh ngahontal kabagjaan duna sareng akherat. Salah sawios carana nyaeta puasa. Sabab, puasa teh salah sawios sifat Pangeran. Oge dina puasa teh aya dua kabagjaan dunya katut akherat sakaligus. Kitu numutkeun hadits:

 ‌لِلصَّائِمِ ‌فَرْحَتَانِ: فَرْحَةٌ عِنْدَ فِطْرِهِ، وَفَرْحَةٌ عِنْدَ لِقَاءِ رَبِّهِ  

Hartosna, “Keur jalmi anu puasa aya dua kabagjaan. Kabagjaan nalika buka sareng kabagjaan nalika pendak sareng Pangeranna,” (HR. Muslim).

Ku hal sakitu, lakonan puasa kalayan leres-leres. Geura bersihkeun awak. Geura sucikeun hate supaya urang tiasa pendak sareng Nu Maha Suci. Kade puasa urang ukur kenging lapar sareng haus hungkul, tapi kedah tiasa nyambungkeun diri ka Pangeran, sareng tiasa ngawujudkeun tujuan kabungah pendak sareng Pangaeran. 

بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ، وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ، إِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ، أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ الْعَظِيْمَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرّحِيْمُ  

Khutbah II  

 اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ الَّذِيْ أَمَرَنَا بِاْلاِتِّحَادِ وَاْلاِعْتِصَامِ بِحَبْلِ اللهِ الْمَتِيْنِ. أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلَهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، إِيَّاهُ نَعْبُدُ وَإِيَّاهُ نَسْتَعِيْنُ. وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَلْمَبْعُوْثُ رَحْمَةً لِلْعَالَمِيْنَ. اِتَّقُوا اللهَ مَا اسْتَطَعْتُمْ وَسَارِعُوْا إِلَى مَغْفِرَةِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ. إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ، يَاأَيُّهَا الَّذِيْنَ ءَامَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ   اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالْاَمْوَاتِ إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ وَيَا قَاضِيَ الْحَاجَاتِ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّحِمِيْنَ، اَللَّهُمَّ يَا مُيَسِّرَ كُلِّ عَسِيْرٍ ، وَيَا جَابِرَ كُلِّ كَسِيْرٍ ، وَيَا صَاحِبَ كُلِّ فَرِيْدٍ ، وَيَا مُغْنِيَ كُلِّ فَقِيْرٍ، وَيَا مُقَوِّيَ كُلِّ ضَعِيْفٍ، وَيَا مَأْمَنَ كُلِّ مَخِيْفٍ، يَسِّرْ عَلَيْنَا كُلَّ عَسِيْرٍ، فَتَيْسِيْرُ الْعَسِيْرِ عَلَيْكَ يَسِيْرُ، حَاجَاتُنَا إِلَيْكَ كَثِيْرٌ، رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ   عِبَادَ اللهِ، إِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيتَآئِ ذِي الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَآءِ وَالْمُنكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذْكُرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَادْعُوْهُ يَسْتَجِبْ لَكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ

(Disadur dari NU ONLINE oleh M. Tatam Wijaya, Penyuluh dan Petugas KUA Sukanagara-Cianjur, Jawa Barat.)

Contoh 2: Tilu Manfaat Emut Kana Maot

Khutbah I  

إِنّ الْحَمْدَ ِللهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ وَنَعُوْذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِن سَيّئَاتِ أَعْمَالِنَا مَنْ يَهْدِهِ اللهُ فَلاَ مُضِلّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ ، أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلهَ إِلاّ اللهُ وَأَشْهَدُ أَنّ مُحَمّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلى آلِهِ  وِأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدّيْن  

أَمَّا بَعْدُ، فَيَاعِبَادَ اللهَ، فَإنِّي أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِي بِتَقْوَى اللهِ المَنَّانِ، الْقَائِلِ فِي كِتَابِهِ الْقُرْآنِ: يَاأَيّهَا الّذَيْنَ آمَنُوْا اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ، وَقَالَ فِي آيَةٍ أُخْرَى، تَبارَكَ الَّذِي بِيَدِهِ الْمُلْكُ وَهُوَ عَلى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيرٌ ، الَّذِي ‌خَلَقَ ‌الْمَوْتَ وَالْحَياةَ لِيَبْلُوَكُمْ أَيُّكُمْ أَحْسَنُ عَمَلاً وَهُوَ الْعَزِيزُ الْغَفُورُ ، صَدَقَ اللهُ الْعَظِيْمُ

Hadirin sidang Jumah anu mulya

Ti payun hayu urang sami-sami manjatkeun puji kalih syukur ka Alloh Robbun Gofur. Dzat anu teu liren-liren ngalimpahkeun ni‘mat ka urang sadayana, kalebet ni‘mat taufik-hidayah sareng ni‘mat berjamaah. Sahingga dina waktos anu mulya ieu, urang sadayana tiasa sasarengan ngalaksanakeun salah sawios parentah-Na, nyaeta netepan Jumah berjamaah.

Solawat sareng salam anu utama mugia salamina dikucurkeun ka Panutan Alam, nyaeta Habibana wa Nabiyana Muhammad saw. Solawat sareng salam oge mugia dilimpahkeun ka para sahabatna, para tabi‘in-tabi‘atna, tabi‘ tabiinna, dugika umatna, urang sadayana. Mudah-mudahan urang sapapaosna kenging taufiq hidayah kanggo tumut kana ajaran mantenna kalayan di akherat kenging syafaatna. Amin ya robbal alamin.

Sidang Jumah rohimakumulloh

Sateuacan ngalajengkeun ieu khutbah, sakumaha biasa, khotib seja wasiat khusus ka diri pribadi, umum ka sidang Jumah sadayana, hayu urang sami-sami ningkatkeun kaimanan oge katakwaan ka Alloh swt. Sabab, takwa anu janten tameng tina midamel perkara anu dilarang Alloh, sareng takwa anu ngadorong midamel perkara anu dipiwarang ku Alloh, sanes kanten takwa janten bekel pang sae-saena kanggo mayunan kahirupan lana akherat namina anu disebat alam panjang poe padang nagara tanjung sampurna.

Sidang jumah rohimakumulloh

Allah parantos ngadawuh dina Al-Quran Surat Al-Hasyr ayat 18: 

  يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوا اتَّقُوا اللّٰهَ وَلْتَنْظُرْ نَفْسٌ مَّا قَدَّمَتْ لِغَدٍ 

Hartosna: “He jalma-jalma anu iman, kudu tarakwa anjeun ka Alloh oge satiap jalma kedah merhatoskeun naon anu atos dipidamel keur mayunan poe isuk, hartosna (akherat)”.

Ngalangkungan ayat di luhur, Alloh ngageuing ka jalma-jalma anu takwa, supaya merhatoskeun oge nyiapkeun kahirupan akherat. Patarosannana, kumaha urang kedah nyiapkeun kahirupan akherat?

Tangtosna, teu aya deui anging taat sareng ngabakti ka Alloh swt, hartosna ibadah kalayan midamel sagala rupi nu dipiwarang ku Mantenna, oge nebihan sagala rupi anu dilarang ku Mantenna.

Nanging urang moal tiasa soson-soson kana ibadah oge kumaula ka Alloh swt, salami urang teu merhatoskeun kana perkara anu matak ngancurkeun jeung misahkeun kanikmatan dunya, nyaeta maot. Malahan Kangjeng Rosul parantos peupeujeuh wae dina hadisna:

   أَكْثِرُوا مِنْ ‌ذِكْرِ ‌هَاذِمِ اللَّذَاتِ الْمَوْتِ    

Hartosna: “Kudu diseueurkeun ku aranjeun kabeh emut kana perkara anu megatkeun kana ni‘mat, nyaeta maot.”

Naon pangna Kangjeng Rosul mapagahan urang sadayana kedah emut kana maot? Supaya urang ulah kalalanyoan jeung kajongjonan. Urang ulah ponteng teuing kana kahirupan dunya anu moal lana. Sabab, kahirupan anu sabenerna langkung sae sareng langkung langgeng mah engke di akherat. Kitu pisan sakumaha pidawuh Alloh dina Al-Qur’an Surat Al-A‘la ayat 17: 

  وَالْآخِرَةُ ‌خَيْرٌ ‌وَأَبْقى  

Hartosna, “Saenya-enyana kahirupan akherat eta leuwih alus sareng leuwih langgeng (batan kahirupan dunya),”.

Jadi numutkeun ieu ayat, leres yen kahirupan anu saestuna mah lain di dunya, tapi di akherat. Sabab, akherat leuwih hade sareng leuwih langgeng, anu tangtos kadituna, leuwih nikmat, jeung sajabana.

Rek teu kitu kumaha, sabab Alloh ngagaduhan ni‘mat teh saratus. Anu hiji dilungsurkeun ka alam dunya, anu 99 disimpen ku Alloh di akherat pikeun jalma-jalma anu takwa ka anjeuna. 

لِلَّهِ ‌مِائَةُ ‌رَحْمَةٍ: وَاحِدَةٌ يَرْحَمُ بِهَا خَلْقَهُ فِي الدُّنْيَا، وَتِسْعٌ وَتِسْعُونَ لِيَوْمِ الْقِيَامَةِ  

Hartosna, “Allah ngagaduhan saratus rahmat (ni‘mat), hiji dianggo ngarohmat makhluk-Na di dunia, sementawis 99 kanggo poe Kiamah.”

Matakna, ni‘mat Allah dina poe kiamah sareng di negeri kani‘matanna, ya’ne surga janten ni‘mat anu kalintang istimewana malahan teu tiasa dicarioskeun ku ucapan.   

 إِنَّ اللَّهَ عز وجل قَالَ:‌‌ أَعْدَدْتُ لِعِبَادِيَ الصَّالِحِينَ مَا لَا عَيْنٌ رَأَتْ، ‌وَلَا ‌أُذُنٌ سَمِعَتْ، وَلَا خَطَرَ عَلَى قَلْبِ بَشَرٍ  

 Hartosna, “Saenya-enyana Alloh parantos nyiapkeun kanggo hamba-hamba-Na anu saroleh, kani‘matan anu teu acan kantos katingal ku soca, anu teu acan kantos kadangu ku cepil, oge anu teu acan kantos kabayang ku hate jalmi mana wae.”   

Tah kitu, gambaran ni‘mat anu tos dicawiskeun Alloh ka hamba-hamba-Na anu taat ka Mantenna.

Sidang jumah rohimakumulloh Uih deui kana wasiat Kangjeng Rosul, nyaeta urang kedah nyeueurkeun emut kana maot. Urang kedah emut kana perkara anu matak megatkeun ni‘mat dunya. Urang kedah emut di dunya mah sementara. Hartos sanes urang ulah kalanjoan merjuangkeun dunya dugika hilap nyiapkeun kahirupan akherat anu lana.

Salajengna, naon hikmahna urang emut kana maot? Syekh Abu Hamid al-Lafaf dina kitab Tanbihul Ghafilin halaman 41 parantos nguningakeun: 

مَنْ أَكْثَرَ مِنْ ذِكْرِ الْمَوْتِ أُكْرِمَ بِثَلاثَةِ أَشْيَاءَ؛ تَعْجِيلِ التَّوْبَةِ وَقَنَاعَةِ الْقُوتِ وَنَشَاطِ ‌الْعِبَادَةِ، وَمَنْ نَسِيَ الْمَوْتَ عُوقِبَ بِثَلَاثَةِ أَشْيَاءَ؛ تَسْوِيفِ التَّوْبَةِ وَتَرْكِ الرِّضَا بِالْكَفَافِ وَالتَّكَاسُلِ فِي ‌الْعِبَادَةِ

Hartosna, “Sing saha-saha jalma anu emut kana maot, maka bakal dimulyakeun ku tilu rupa perkara. Kahiji, ngagentakkeun kana tobat, kadua ngarasa cukup kana rezeki pamasihan Gusti, katilu langkung giat kana midamel ibadah. Sabalikna, jalmi anu poho kana maot, bakal dihukum ku tilu perkara. Kahiji, ngahir-ngahir kana ibadah, teu rido kana rezeki pamasihan Gusti, katilu kedul dina ibadah.”

Sidang jumah rohimakumulloh

Manfaat sanesna nyaeta bakal dibangkitkeun sasarengan para syuhada, sakumaha hadis riwayat Siti Aisyah anu kantos naroskeun langsung ka Kangjeng Rosul. Saur kanjeng Rosul, di antawis jalmi anu bakal dibangkitkeun sareng para syuhada teh nyaeta jalmi anu emut maot dua puluh kali sadinten. Kalih ti eta, jalmi anu nyeueurkeun emut kana maot, bakal kabantos nebihan padamelan dosa sareng ngadatangkeun sikap zuhud.

Mudah-mudahan, urang sadayana kalebetkeun jalmi anu takwa ka Alloh, teu kajongjonan nguruskeun kahirupan dunya sampe mopohokeun kahirupan akherat.

بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ، وَتَقَبَلَّ اللهُ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ، إِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ، أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ الْعَظِيْمَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرّحِيْمِ  

Khutbah II  

 اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِيْ أَمَرَنَا بِاْلاِتِّحَادِ وَاْلاِعْتِصَامِ بِحَبْلِ اللهِ الْمَتِيْنِ. أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ، إِيَّاهُ نَعْبُدُ وَإِيَّاُه نَسْتَعِيْنُ. وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَلْمَبْعُوْثُ رَحْمَةً لِلْعَالَمِيْنَ. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ. اِتَّقُوا اللهَ مَا اسْتَطَعْتُمْ وَسَارِعُوْا إِلَى مَغْفِرَةِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ. إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ، يَاأَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا .. وَصَلَّى الله عَلَى سَيِّدَنَا وَمَوْلَانَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَسَلَّمَ   اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِوَالْمُسْلِمِيْنَ وَ الْمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالْاَمْوَاتْ إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ وَيَا قَاضِيَ الْحَاجَاتِ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّحِمِيْنَ   اللَّهُمَّ إِنَّا نَعُوذُ بِكَ مِنْ عَذَابِ جَهَنَّمَ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ عَذَابِ الْقَبْرِ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ فِتْنَةِ الْمَسِيحِ الدَّجَّالِ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ فِتْنَةِ الْمَحْيَا وَالْمَمَاتِ، اللَّهُمَّ إِنَّا نَعُوذُ بِكَ مِنْ الْهَمِّ وَالْحَزَنِ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ الْعَجْزِ وَالْكَسَلِ وَ نَعُوذُ بِكَ مِنْ الْجُبْنِ وَالْبُخْلِ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ غَلَبَةِ الدَّيْنِ وَقَهْرِ الرِّجَالِ ، رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ   عِبَادَ اللهِ، إِنَّ اللهَ يَأْمُرُكُمْ بِالْعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيتَآئِ ذِي الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَآءِ وَالْمُنكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذْكُرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَادْعُوْهُ يَسْتَجِبْ لَكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ  

(Disadur dari NU ONLINE oleh: Ustadz M Tatam Wijaya, Penyuluh dan Petugas KUA Sukanagara-Cianjur, Jawa Barat.)

Contoh 3: Ngamerdekakeun Diri tina Hawa Nafsu

Khutbah I  

 إِنَّ الْحَمْدَ لِلّٰهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ وَنَعُوْذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِن سَيّئَاتِ أَعْمَالِنَا مَنْ يَهْدِهِ اللهُ فَلَا مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلَا هَادِيَ لَهُ، أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلٰهَ إِلَّا اللهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلٰى آلِهِ وِأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الْقِيَامَةِ

أَمَّا بَعْدُ، فَيَا عِبَادَ اللهِ ، أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِي بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ ، قَالَ اللهُ تَعَالَى فِي الْقُرْآنِ الْكَرِيْمِ، وَهُوَ أَصْدَقُ الْقَائِلِيْنَ ، أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ، وَما أُبَرِّئُ نَفْسِي إِنَّ النَّفْسَ لَأَمَّارَةٌ بِالسُّوءِ إِلَّا مَا رَحِمَ رَبِّي إِنَّ رَبِّي غَفُورٌ رَحِيمٌ، صَدَقَ اللهُ الْعَظِيْمُ

Sidang Jumah anu mulya,

Puji sareng syukur hayu urang sami-sami panjatkeun ka hadirat Alloh swt, Dzat anu parantos maparin rupi-rupi ni’mat ka urang sadayana, utamina ni’mat iman, Islam, sareng ihsan. Solawat kalih salamna mugia sapapaosna dilimpahkeun ka panutan alam, nyaeta Kangjeng Nabi Muhammad saw, miwah kulawargina, para sahabat, para tabi’in, tabi tabi’inna, dugika urang sadayana.

Dina ieu kasempetan, khotib teu weleh ngawasiatan ka pribadi miwah ka jama’ah Jum’ah sadayana, hayu urang sami-sami ningkatkeun kaimanan oge katakwaan ka Alloh swt, malah mandar urang tiasa ngahontal rohmat oge rido Mantenna.

Sidang Jumah anu mulya

Tos 80 tahun nagara urang merdeka. Hiji kani’matan anu luar biasa ti Alloh anu dipaparinkeun ka urang sadayana. Alhamdulillah, ngalangkungan ni’mat kamerdekaan urang tiasa ayem tengtrem ibadah ka Mantenna. Nyakitu keneh urang ngaraos aman tur nyaman dina ngalaksanakeun rupi-rupi kagiatan anu patali sareng pakasaban urang geusan pibekeleun ngabakti ka Alloh ta’ala.

Nanging eta kamerdekaan teh sifatna neme kamerdekaan lahiriah. Eta kamerdekaan sifatna neme buah tina jihad jeung merangan kaum penjajah alias musuh anu kasat mata. Sabab, kamerdekaan anu hakeki keur urang mah nyaeta nalika urang tos tiasa merangan hawa nafsu jeung godaan setan anu henteu kasat mata. Hal ieu kantos diuningakeun ku Kangjeng Rosul nalika uih ti salah sawios paperangan:

قَدِمْتُمْ خَيْرَ مَقْدَمٍ مِنَ الْجِهَادِ الْأَصْغَرِ إِلَى الْجِهَادِ الْأَكْبَرِ. قَالُوا: وَمَا الْجِهَادُ الْأَكْبَرُ؟ قَالَ: مُجَاهَدَةُ الْعَبْدِ هَوَاهُ    

Hartosna, “Aranjeun neme pisan uih kalayan hade tina jihad leutik kana jihad anu gede.” Para sahabat tumaros, “Naon ari jihad ageung?” Mantenna ngawaler, “Hiji hamba merangan hawa nafsuna,” (HR. Al-Baihaqi).  

Jamaah sadayana, ieu teh ngandung hartos, yen saatosna urang berhasil ngahontal kamerdekaan lahiriah, urang masih keneh gaduh tugas perang anu beurat nyaeta ngalawan hawa nafsu sareng godaan setan anu hente kasat mata. Sabab nafsu, terutama nafsu amarah salilana sok marentah kana kagorengan. Kitu sakumaha dawuhan Alloh dina Al-Quran: 

  وَمَا أُبَرِّئُ نَفْسِي إِنَّ النَّفْسَ لَأَمَّارَةٌ بِالسُّوءِ إِلَّا مَا رَحِمَ رَبِّي إِنَّ رَبِّي غَفُورٌ رَحِيمٌ  

Hartosna, “Jeung kaula teu ngabebaskeun diri kaula (tina kasalahan) sabab saenya-enyana nafsu eta salilana nitah kana kagorengan, kecuali nafsu anu dibere rohmat ku pangeran kaula,” (QS. Yusuf [12]: 53).

Nyakitu keneh ngalawan godaan setan. Kalayan tos dicap dina Al-Quran, yen setan teh musuh anu nyata keur manusa. Satiap lengkahna pasti nuduhkeun kana kasesatan. Maka ulah rek nuturkeun lengkah maranehna. Kitu dawuhan Alloh dina Al-Quran: 

  وَلا تَتَّبِعُوا خُطُواتِ الشَّيْطانِ إِنَّهُ لَكُمْ ‌عَدُوٌّ ‌مُبِينٌ  

Hartosna, “Aranjeun ulah rek nuturkeun lengkah-lengkah setan. Sabab, saenya-enyana setan teh eta musuh keur aranjeun kabeh,” (QS. Al-Baqarah [2]: 168).

Sahingga, bagja kacida jalma anu tos berhasil ngelehkeun hawa nafsu jeung merangan godaan setan. Sabab, manehna bakal meunang kamerdekaan anu saestuna. Sabalikna, jalma anu masih keneh eleh ku hawa nafsu jeung godaan setan, maka satemenna manehna bakal hanjakal anu kabina-bina di poe akhirna.

Maka sing saha wae anu rek nempuh jalan Alloh sakedahna manehna uninga yen dirina moal tiasa dugi ka Alloh samemeh uninga kana hakekat nafsuna, uninga kana karakterna, nolak kana kahayang gorengna, sareng menang dina merangannana.

Jalma anu mampu ngelehkeun hawa nafsuna bakal selamet jeung bahgja. Sabab, jalma anu mampu ngelehkeun hawa nafsuna bakal jongjon ngalaksanakeun ibadah sareng parentah-parentah Alloh. Sabalikna, jalma anu eleh ku hawa nafsuna bakal condong nuturkeun kahayangna, mentingkeun kahirupan dunya, malahan migawe lewat ti batas, sareng samena-mena leuwih ti makhluk anu teu boga akal.

Matak cilaka jalma anu hirup kamalinaan, ngutamakeun kahirupan dunya, jeung ngayonkeun hawa nafsuna. Hal ieu sakumaha dawuhan Alloh dina Al-Quran: 

فَأَمَّا مَن طَغَىٰ ،وَءَاثَرَ ٱلۡحَيَوٰةَ ٱلدُّنۡيَا ، فَإِنَّ ٱلۡجَحِيمَ هِيَ ٱلۡمَأۡوَىٰ   

Hartosna, “Anapon jalma anu liwat ti batas, jeung leuwih mentingkeun kahirupan dunya, maka saenya-enyana naraka pitempateunnana,” (QS. An-Nazi‘at [79]: 37-39).

Sabalikna, jalma anu satekah polah ngeker hawa nafsuna sahingga tetep sieun ka Alloh, maka surga jadi tempat pangbalikan keur manehna.   

 وَأَمَّا مَنۡ خَافَ مَقَامَ رَبِّهِۦ وَنَهَى ٱلنَّفۡسَ عَنِ ٱلۡهَوَىٰ ، فَإِنَّ ٱلۡجَنَّةَ هِيَ ٱلۡمَأۡوَىٰ 

Hartosna, “Jeung jalma-jalma anu sieun kana kaagungan Pangerannana jeung satekah polah nahan diri tina kahayang hawa nafsuna, maka saenya-enyana surga jadi tempat tinggal manehna,” (QS. An-Nazi‘at [79]: 40-41).  

Sidang jumah anu mulya, Pantes saur papatah sepuh, nafsu anu matak kaduhung, raga anu matak katempuhan. Memang kitu kaayaannana jalma anu sok ngalajur nafsu, akhirna bakal sangsara. Rek teu cilaka kumaha, hirup anu sakuduna ngawaro kana tungtunan Pangeran, ieu kalahkeun nuturkeun kahayang hawa nafsuna.

Maksad nafsu di dieu, numutkeun Imam al-Ghazali dina Ihya ‘Ulumiddin jilid 3, kaca ka 4, nyaeta “nafsu amarah”, nafsu anu teu kabayang bakal bisa balik ka Alloh, kecuali lamun tos kenging rohmat ti Mantenna.

Sabab nafsu amarah anu salilana marentah goreng, ditururkeun sifat-sifat anu dicela, jauh ti Alloh, malahan asup kana bala tentara setan keur ngarahkeun manusa kana kabinasaan. Matak nafsu ieu mah wajib diperangan ku urang, ditentang kahayangna.

Nanging urang moal tiasa kaluar tina kagorengan nafsu sareng tipu daya setan anging ngalangkungan pitulung Alloh. Matak hayu urang munajat ka Alloh supados urang tiasa diberesihkeun diri tina kajahatan nafsu anu matak mengparkeun jalan Alloh. Kitu pisan dawuhan Mantenna anu pihartoseunnana.

Sakirana sanes karena karunia Alloh sareng rohmat-Na keur aranjeun kabeh, niscaya moal aya saurang oge ti aranjeun anu beresih (tina pagawean keji tur mungkar) salilana,” (QS. An-Nur [24]: 21).

Sakali deui, nalika urang leres-leres hoyong tiasa napak dina jalan Alloh, hoyong dugi ka Alloh, maka sakedahna urang sadar kana gorengna nafsu amarah anu aya dina diri urang. Mun tos terang kana gorengna, Insyaalloh, urang bakal satekah polah merangan kahayangna. Sabab, ku cara nganyahokeun tabeat sareng merangan kagorengannana, hiji salik bakal mampu ngaleupaskeun diri tina kagorengan, teras berusaha ngadeukeutkeun diri ka Pangeran.

بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ، وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلَاوَتَهُ، إِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ، أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ الْعَظِيْمَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرّحِيْمُ  

 Khutbah II  

  اَلْحَمْدُ ِللّٰهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ، أَشْهَدُ أَنْ لَاإِلَهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ. فَيَاعِبَادَ اللهِ اِتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلَا تَمُوْتُنَّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ    قَالَ اللهُ تَعَالىَ فِيْ كِتَابِهِ اْلعَظِيْمِ، إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِيِّ، يَا أَيُّهَا الَّذِيْنَ أَمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا، اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلىَ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلىَ اَلِهِ وَأًصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ. وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِ التَّابِعِيْنَ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلىَ يَوْمِ الدِّيْنِ. وَعَلَيْنَا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ    اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِماَتِ وَاْلمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ، اَلْأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلأَمْوَاتِ إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ يَا قَاضِيَ اْلحَاجَاتِ، اَللّهُمَّ إِنَّا نَسْأَلُكَ إِيْمَانًا كَامِلًا وَيَقِيْنًا صَادِقًا وَرِزْقًا وَاسِعًا وَقَلْبًا خَاشِعًا وَلِسَانًا ذَاكِرًا وَحَلَالًا طَيِّبًا وَتَوْبَةً نَصُوْحًا. اَللّهُمَّ إِنَّا نَسْأَلُكَ مُوْجِبَاتِ رَحْمَتِكَ وَعَزَائِمَ مَغْفِرَتِكَ وَالسَّلاَمَةَ مِنْ كُلِّ إِثْمٍ وَالْغَنِيْمَةَ مِنْ كُلِّ بِرٍّ وَالْفَوْزَ بِالْجَنَّةِ وَالنَّجَاةَ مِنَ النَّارِ، رَبَّنَا أَتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ   عِبَادَ اللهِ إِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتَاءِ ذِي اْلقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشَاءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذْكُرُوْا اللهَ يَذْكُرْكُمْ وَادْعُوْهُ يَسْتَجِبْ لَكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ  

(Disadur dari NU ONLINE oleh M. Tatam Wijaya, Penyuluh dan Petugas KUA Sukanagara-Cianjur, Jawa Barat.)

Baca Juga: Prediksi Awal Puasa dan Lebaran 2026, Ramadan Hampir Tiba!

ADVERTISEMENT

Rekomendasi

0 Komentar

Anda belum bisa berkomentar, Harap masuk terlebih dahulu.

ADVERTISEMENT