Carpon Sunda Angkat Sakola


Hawa isuk anu tiis maturan léngkah gurung gusuh Siti ka Sakola. Di jalan, anjeunna ningali réa réréncanganna angkat ka sakola nganggo motor, angkot, atawa kandaraan séjénna. Sakapeung mah Siti gé hayang angkat ka sakola bari nyalsé, teu kudu lulumputan kawas kieu.

Siti sumping di sakola pas pisan bél disada. Mun telat samenit, anjeunna moal tiasa lebet ka sakola. Karék gé rék asup ka kelas, salah saurang réncangna ngagorowok tarik pisan, “Siti! Kabiasaan ih telat waé. Matakan mun angkat ka sakola téh ari teu boga motor mah naék angkot, béh teu kabeurangan. Untung wé can aya guruna.” Siti cicing teu némbalan cariosan réncangna. Hayangna mah kitu Siti gé, mung anjeunna kudu hémat sangkan tiasa nabung keur mayar biaya sakola.

Saatos diuk dina korsina, ka kuping deui ku Siti sababaraha babaturan sakelasna ngomongkeun. “Uyuhan ih telat waé. Ceuk kuring mah coba manéhna téh naék angkot,” celetuk réncangna nu hiji. “Heueuh ih. Padahal da ongkos naék angkot mah teu sapira atuh. Meuni pelit,” témbal nu lain. Manah Siti asa nyeri. Hayang ceurik harita kénéh, mung anjeunna kudu kuat.

Isukanana, Siti angkat ka sakola subuh kénéh. Langit gé poék kénéh. Anjeunna hayang ngabuktikeun yén anjeunna moal kabeurangan deui.

Anéhna, poé éta jalan téh macét. Kandaraan taya nu maju. Kitu ogé kandaraan réréncangan Siti, taya nu maju hiji gé. Teras wé Siti mapah di sisi jalan. Di tungtung jalan, katingali ku Siti yén di jalan téh keur dibenerkeun, éta anu nyababkeun macét. Untung wé Siti teu naék angkot.

Siti sumping di sakola lima belas menit sateuacan bél disada. Di kelas ngan saukur aya sababaraha urang, teu saperti biasana. Siti diuk na korsina teras ngaluarkeun buku pangajaranna.

Bél disada, nu aya di kelas ngan sapuluh siswa, kaasup Siti. “Kamarana nu lainna?” Taros Bu Minah. “Teu acan Sumping Bu. Saurna mah kapegat macét,” jawab salah saurang réréncangan Siti. Dua puluh menit saatos bél, réa nu daratang. Siti ngarasa bungah kusabab anjeunna teu kabeurangan deui jeung teu kudu ngaraosan macétna jalan.

(Karya: Rifa Hendriani)

sumber : Inews jabar

 


0 Komentar :

    Belum ada komentar.

Mungkin anda suka

  • Oleh zahra nisrina shaumi
  • 09, Sep 2024
Gembyung Tradisi Musik Perkusi Sunda yang Menggema