ADVERTISEMENT
Beranda Contoh Khutbah Jumat Bahasa Sunda tentang Bulan Sya’ban
ADVERTISEMENT

Contoh Khutbah Jumat Bahasa Sunda tentang Bulan Sya’ban

4 jam yang lalu - waktu baca 11 menit
Sumber: Mohamed Hassan (PxHere)

Bulan Sya’ban menjadi salah satu bulan yang mempunyai posisi penting pada kalender Hijriah. Pada bulan ini, umat Muslim sebentar lagi akan menyambut bulan suci Ramadan, bulan penuh kemuliaan.

Persiapan menuju Ramadan, pada bulan ini umat Muslim dianjurkan untuk memperbanyak amal-amal saleh, seperti memperbanyak zikir. Pada malam ke-15 bulan Sya’ban, banyak ulama percaya bahwa terdapat peristiwa Nisfu Sya’ban, yaitu malam ketika Allah Swt. memberikan ampunan dan rahmat-Nya secara melimpah.

Membahas tentang keutamaannya, berikut 2 contoh khutbah Jumat tentang Bulan Sya’ban dalam Bahasa Sunda.

Kumpulan Contoh Teks Khutbah Jumat Bahasa Sunda tentang Bulan Sya'ban

Contoh 1: Sya’ban Bulan Tobat Jeung Ngomean Diri Samemeh Mayunan Bulan Suci

Khutbah I

ِنّ الْحَمْدَ ِللهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ وَنَعُوْذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِن سَيّئَاتِ أَعْمَالِنَا مَنْ يَهْدِهِ اللهُ فَلاَ مُضِلّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ ، أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلهَ إِلاّ اللهُ وَأَشْهَدُ أَنّ مُحَمّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلى آلِهِ  وِأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدّيْن، قَالَ اللهُ تَعَالَى فِي الْقُرْآنِ الْكَرِيْمِ، أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ، يَاأَيّهَا الّذَيْنَ آمَنُوْا اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ، وَقَالَ، يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا تُوبُوا إِلَى اللَّهِ تَوْبَةً نَصُوحًا ، عَسَى رَبُّكُمْ أَنْ يُكَفِّرَ عَنْكُمْ سَيِّئَاتِكُمْ وَيُدْخِلَكُمْ جَنَّاتٍ تَجْرِي مِنْ تَحْتِهَا الْأَنْهَارُ ، صَدَقَ اللهُ الْعَظِيْمُ، أَمَّا بَعْدُ

Hadirin sidang Jum’ah anu mulia,
Puji sareng syukur hayu urang sami-sami panjatkeun ka Dzat Anu Maha Gofur. Alhamdulillah, lantaran rohmat, hidayah, sareng inayah mantenna, urang sadayana masih ngengingkeun ni’mat iman sareng ni’mat Islam. Teu kakantun oge ni’mat sehat, nikmat panjang yuswa, sareng nikmat kakiatan, sahingga di na waktos ieu hate urang masih dipaparin anugrah ngaraos kapanggil ku salah sawios parintah-Na, calik sasarengan di tempat anu insya Alloh pinuh kaberkahan ieu, dina raraga ngalaksanakeun sholat Jumah. Margi, teu saalit dulur-dulur urang, anu katingal pisikna kuat jeung jaggag, tapi teu kiat ngalangkahkeun dua sampean kana ieu patempatan.

Ku hal sakitu, alhamdulillah, urang masih dipaparin rupi-rupi anugrah, kalebet anugrah hidayah kanggo ngajalankeun ibadah. Kalayan mudah-mudahan, sapapaosna urang sing dipaparin istiqomah ku Allah oge ditebihkeun tina rupi-rupi perkara anu dibendu ku mantenna. Amin ya Allah, Amin rabbal-alamin.

Solawat sareng salam anu utami muga tetep ka pang afdol-afdolna nabi, nyaeta Kangjeng Nabi Muhammad saw. anu diutus janten rohmat sadaya alam. Kalayan muga-muga urang sadayana dicatet janten umatna anu tiasa istiqomah nuturkan ajarannana sareng nyonto budi pekertina. Solawat sareng salam mugia dilimpahkan kulawargi sareng para sahabatna, kalebet ka urang sadayana anu teu liren-liren ngarepkeun syafaatna di yaomil jaza’. Amin ya mujibassa’ilin.

Hadirin kaom Muslimin anu dimuliakeun ku Allah,
Dina waktos ieu urang sadayana parantos aya di pertengahan sasih Sya’ban, sasih anu mulia tur istimewa, nanging saur Kangjeng Rosul sok dilumayankeun ku umatna. Padahal, saban lebet kana ieu sasih, Kangjeng Rosul mah sok ningkatkeun ibadahna tur nyeueurkeun saum sunahna. Salah sawios dalihna, margi mantenna kacida hoyongna, nalika dilaporkeun amal teh, mantenna nuju dina kaayaan saum.

Hal ieu kantos ditaroskeun ku salah sawios sahabat anu wastana Usamah bin Zaid, “Ya Rosulallah, abdi ningal salira saum dina sasih Sya’ban ieu anu teu sasering sasih-sasih sanesna iwal ti sasih Romadon.”

Waleran Kangjeng Rosul:

 فَذَلِكَ شَهْرٌ يَغْفُلُ النَّاسُ عَنْهُ، بَيْنَ شَهْرِ رَجَبٍ وَشَهْرِ رَمَضَانَ، تُرْفَعُ فِيهِ أَعْمَالُ النَّاسِ، فَأُحِبُّ أَنْ لَا يُرْفَعَ عَمَلِي إِلَّا وَأَنَا صَائِمٌ 

Hartosna, “Ieu teh sasih di mana jalmi-jalmi seueur anu poho. Sasih nu aya di antawis sasih Rojab sareng sasih Romadon. Sasih diangkatna amal-amal manusa. Tah, kaula teh hoyong pisan amal kaula diangkat dina kaayaan puasa.”

Ku hal sakitu, ngalangkungan ieu minbar, khotib wasiat ka diri khatib khususnya, oge ka sadaya jamaah Jum’ah umumna. Hayu urang sami-sami ningkatkeun kaimanan tur katakwaan ka Allah Swt.

Sanaos ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan di tengah zaman anu mingkin sulit sepertos kiwari, sanes perkara anu gampang. Nanging, sahenteuna kaimanan anu tos aya ulah dugika leupas, ku sabab godaan dunya nu teu sapira, sabari tetap urang waspada supados teu tigebrus kana kahanjakalan anu lana. Margi, teu aya jalan keur nyanghareupan zaman anu mingkin sulit saperti ayeuna, anging ngabentengan diri ku kaimanan jeung katakwaan ka Allah Swt.

Hadirin anu mulya, Salaku jalmi biasa, urang tangtu moal luput tina salah jeung dosa. Tapi, kaayan ieu parantos diantisipasi ku Allah Swt, Dzat anu maha ngadamel oge Dzat nu maha unginga kana kaayaan makhluk nu diciptakeunnana. Ku sabab kitu, Allah parantos marentahkeun urang sadayana keur tobat, sakumaha anu diunggelkeun dina surah at-Tahrim ayat 8 anu parantos ku khotib diaoskeun dina muqodimah:

 يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا تُوبُوا إِلَى اللَّهِ تَوْبَةً نَصُوحًا 

Ma’nana wallahu a’lam bimurodih: “He jalma-jalma anu ariman, tarobat anjeun sadaya ka Allah swt kalayan tobat anu nasuha (nyaeta tobat anu samurni-murnina).”

Ngalangkungan ieu ayat, sanaos teu sacara langsung, Allah oge wasiat ka hamba-hamba-Na yen Mantenna muka panto panghampura keur urang sadayana. Sabab teu mungkin Allah marentahkeun hamba-Na keur ngalaksanakeun tobat, mun teu muka panto panghampura. Nanging, panghampura teu serta merta dibikeun ka urang sadayana salaku hamba kecuali urang kudu usaha keras ngahasilkeunnana. Salah sawiosna ku tobat nasuha tadi.

Hadirin kaom Muslimin sadayana, Tah eta perkara anu ku urang kedah ditingkatkeun salami dina sasih Sya’ban ieu. Alhamdulillah, dina danget ieu urang tos ngalangkungan nisfu Sya’ban atanapi pertengahan sasih Sya’ban. Nanging sanes hartos urang kenging leha-leha, tapi sawangsulna urang kedah langkung ningkat, terutami dina raragi nyambut sasih anu suci, nyaeta sasih Romadon.

Numutkeun para ulama, sasih Sya’ban oge mangrupikeun sasih anu mulya tur agung. Di lebetna seueur rurahasiah sareng kaistimewaan anu ku Allah dikhususkeun kanggo ieu sasih. Salah sawiosna, sakumaha anu diuningakeun ku Kangjeng Rosul, yen sasih Sya’ban teh matak dinamian sya’ban oge margi janten sasih anu seueur cabang kasaeannana.
Ngalangkungan hadis riwayat Anas bin Malik, Kangjeng Rosul ngadawuh:

 إِنَّمَا سُمِيَ شَعْبَانَ لِأَنَّهُ يَتَشَعَّبُ فِيْهِ خَيْرٌ كَثِيْرٌ لِلصَّائِمِ فِيْهِ حَتَّى يَدْخُلَ الْجَنَّةَ 

Hartosna, “Dinamian Sya’ban margi di lebetna seueur kasaean, terutami keur jalmi anu nyeueurkeun puasa, dugikan balesananana dilebetkeun ka surga.” (HR Anas bin Malik).

Hadirin kaom Muslimin sadayana, 
Rasulullah nyalira salaku conto sareng teladan kanggo urang sadaya, sok ngelebetan sasih Sya’ban ku nyeueurkeun puasa sunat. Malihan, jumlah puasa anu dipidamelna ngalangkungan puasa dina bulan-bulan anu sanes salian ti bulan Romadon.

Ternyata nalika ditaros ku para sahabat, mantenna ngawaler yen bulan ieu mangrupikeun bulan diangkatnya sadaya laporan ibadah urang ka Allah swt. Sakumaha anu ditetelakeun dina pidawuhna di luhur.

Salian ti eta, seueur pisan kajadian luar biasa anu terjadi dina bulan Sya’ban. Salah sawiosna kajadian dialihkeunnana arah kiblat ti Masjidil Aqsha ka Masjidil Haram. Hal ieu sakumaha anu parantos disebatkeun dina Al-Quran,

  قَدْ نَرَى تَقَلُّبَ وَجْهِكَ فِي السَّمَاءِ فَلَنُوَلِّيَنَّكَ قِبْلَةً تَرْضَاهَا فَوَلِّ وَجْهَكَ شَطْرَ الْمَسْجِدِ الْحَرَامِ وَحَيْثُ مَا كُنْتُمْ فَوَلُّوا وُجُوهَكُمْ شَطْرَهُ 

Hartosna, “Kaula ninggal wajah anjeun (Muhammad) sering tangah ka langit, maka Kaula ngalihkeun anjeun ka kiblat anu dipika rido ku anjeun. Maka sanghareupeun wajah anjeun ka arah Masjidil Haram,” (QS. Al-Baqarah [2]: 144).

Hikmah tina peristiwa eta, Allah hoyong uninga ka jalmi-jalmi anu bener-bener iman kana ajaran anu dibawa ku nabina, oge hoyong uninga ka jalmi-jalmi anu ingkar ka anjeuna. Sakumaha dina ayat, “Kaula teu pati-pati ngajadikeun kiblat anu baheula kecuali supaya Kaula uningan saja anu nuturkeun Rasul oge saha anu malengos ka tukang,” (QS. Al-Baqarah [2]: 143).

Hadirin kaom Muslimin sadayana,
Dina peristiwa peralihan arah kiblat ieu, umat Islam bener-bener diuji kaimanannana ku Allah. Teu saeutik maranehna anu ingkar jeung kaluar deui tina ajaran Islam. Nanging, teu saeutik oge anu kaimanananana mingkin kuat ka ajaran anu parantos dicandak ku nabi.

Salian ti eta, bulan Sya’ban oge dikenal salaku bulan solawat ka Kangjeng Nabi. Ku sabab kitu, khususna dina bulan ieu, hayu urang sami-sami ningkatkeun amalan solawat ka mantenna, loyog sareng ayat parentah solawat anu sering pisan ku urang diaoskeun:

  إِنَّ اللَّهَ وَمَلَائِكَتَهُ يُصَلُّونَ عَلَى النَّبِيِّ يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا صَلُّوا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوا تَسْلِيمًا

Hiji deui, salah sawios perkara luar biasa anu terjadi dina sasih Sya’ban teh nyaeta dicatetkeunnana jalmi-jalmi anu bakal pupus dina taun eta, sakumaha anu diuningakeun Kangjeng Rosul dina riwayat Abu Ya’la:

  إن الله يكتب فيه على كل نفس ميتة تلك السنة، فأحب أن يأتي أجلي وأنا صائم

Hartosna, “Saenya-enyana Allah parantos netepkeun dina bulan Sya’ban tiap-tiap jiwa anu bakal maot dina taun ieu. Maka kaula hoyong, nalika ajal kaula datang, kaula nuju dina kaayaan puasa.”

Ku hal sakitu, dina ieu sasih, hayu urang sami-sami ningkatkeun kaimanan tur katakwaan, sakumaha mingkin kuatna kaimanan jalmi-jalmi anu nuturkeun Rosul sapartosna dialihkeunnana arah kiblat.

Salian ti eta oge hayu urang sami-sami meresihan diri tina rupi-rupi kotoran kamaksiatan. Sabab, bulan ieu, amal urang satahun katukang diangkat tur dilaporkeun ka Robbul Alamin. Kantenan, sakedep deui urang bakal lebet ka bulan suci, anu tangtos urang oge anu bade ngalebetannana kedah suci bersih.

Kunaon ngabersihannana, nyaeta ku istigfar nyeueurkeun menta dihampura kanu Maha Kawasa, saparantosna urang saling bebaskeun jeung papada jalma. Oge amaliah-amliah sanesna, terutami ku ngaos solawat anu parentah ngalakukeun nana dilungsurkeun dina sasih ieu. Kantenan, solawat mangrupikeun amal anu geus pasti ditampina, sabab mangrupikeun kahormatan tur kamuliaan ka Kangjeng Rosul.

Kayoyong mah dina sasih ieu, urang sadayana dicatet ku Allah salaku jalmi anu masih dinjangkeun yuswa bari dina kaayaan sehat tur barokah sahingga dugi deui kana sasih Romadon kalayan tiasa ngalebetannana ku rupi-rupi amaliah ibadah.

Hadirin kaom Muslimin sadayana, 
Sakitu khutbah anu tiasa kadugikeun. Mugi-mugi urang sadayana tiasa metik hikmah sareng pelajaran tina rupi-rupi kajantenan anu tos kalangkung, kanggo pieunteungan tingkah polah urang dina waktu-waktu bakal kasorang. Hadirin, perjalanan urang masih panjang, sahingga kade urang kajongjonan ku perkara nu matak mengparkeun urang ka jalan nu teu dipika rido ku Pangeran. Sakali deui, mugi urang dikiatkeun iman kalayan tiasa mapaesannana ku katakwaan jeung rupi-rupi kasaean. Amin ya rabbal alamin.

  بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ، وَتَقَبَلَّ اللهُ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ، إِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ، أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ الْعَظِيْمَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرّحِيْمِ

Khutbah II

اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِيْ أَمَرَنَا بِاْلاِتِّحَادِ وَاْلاِعْتِصَامِ بِحَبْلِ اللهِ الْمَتِيْنِ. أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ، إِيَّاهُ نَعْبُدُ وَإِيَّاُه نَسْتَعِيْنُ. وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَلْمَبْعُوْثُ رَحْمَةً لِلْعَالَمِيْنَ. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ. اِتَّقُوا اللهَ مَا اسْتَطَعْتُمْ وَسَارِعُوْا إِلَى مَغْفِرَةِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ. إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ، يَاأَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا .. وَصَلَّى الله عَلَى سَيِّدَنَا وَمَوْلَانَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَسَلَّمَ
 

اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِوَالْمُسْلِمِيْنَ وَ الْمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالْاَمْوَاتْ إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ وَيَا قَاضِيَ الْحَاجَاتِ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّحِمِيْنَ

اللَّهُمَّ إِنَّا نَعُوذُ بِكَ مِنْ عَذَابِ جَهَنَّمَ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ عَذَابِ الْقَبْرِ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ فِتْنَةِ الْمَسِيحِ الدَّجَّالِ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ فِتْنَةِ الْمَحْيَا وَالْمَمَاتِ، اللَّهُمَّ إِنَّا نَعُوذُ بِكَ مِنْ الْهَمِّ وَالْحَزَنِ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ الْعَجْزِ وَالْكَسَلِ وَ نَعُوذُ بِكَ مِنْ الْجُبْنِ وَالْبُخْلِ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ غَلَبَةِ الدَّيْنِ وَقَهْرِ الرِّجَالِ

 رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ

عِبَادَ اللهِ، إِنَّ اللهَ يَأْمُرُكُمْ بِالْعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيتَآئِ ذِي الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَآءِ وَالْمُنكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذْكُرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَادْعُوْهُ يَسْتَجِبْ لَكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ


(teks khutbah oleh M. Tatam Wijaya, Penyuluh dan Petugas KUA Sukanagara-Cianjur, Jawa Barat dari NU Online)

Contoh 2: Jalma-jalma anu Teu Dihampura dina Wengi Nisfu Sya’ban 

Khutbah I

اَلْحَمْدُ لِلّهِ الَّذِيْ تَفَرَّدَ بِجَلَالِ مَلَكُوْتِهِ، وَتَوَحَّدَ بِجَمَالِ جَبَرُوْتِهِ وَتَعَزَّزَ بِعُلُوِّ أَحَدِيَّتِهِ، وَتَقَدَّسَ بِسُمُوِّ صَمَدِيَّتِهِ، وَتَكَبَّرَ فِي ذَاتِهِ عَنْ مُضَارَعَةِ كُلِّ نَظِيْرٍ، وَتَنَزَّهَ فِي صِفَائِهِ عَنْ كُلِّ تَنَاهٍ وَقُصُوْرٍ، لَهُ الصِّفَاتُ الْمُخْتَصَّةُ بِحَقِّهِ، وَالْآيَاتُ النَّاطِقَةُ بِأَنَّهُ غَيْرُ مُشَبَّهٍ بِخَلْقِهِ

أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلَهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مُوْقِنٍ بِتَوْحِيْدِهِ، مُسْتَجِيْرٍ بِحَسَنِ تَأْيِيْدِهِ. وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّداً عَبْدُهُ الْمُصْطَفَى، وَأَمِيْنُهُ الْمُجْتَبَي وَرَسُوْلُهُ الْمَبْعُوْثُ إِلَى كَافَةِ الْوَرَى ، اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ مَصَابِيْحِ الدُّجَى، وَعَلَى أَصْحَابِهِ مَفَاتِيْحِ الْهُدَى، وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كَثِيْراً 

أَمَّا بَعْدُ: أَيُّهَا النَّاسُ، اِتَّقُوا اللهَ وَاعْبُدُوْهُ، فَإِنَّ اللهَ خَلَقَكُمْ، لِذَلِكَ قَالَ تَعَالَى: ﴿وَاعْبُدُوا اللَّهَ وَلا تُشْرِكُوا بِهِ شَيْئاً ‌وَبِالْوالِدَيْنِ ‌إِحْساناً﴾ صَدَقَ اللهُ الْعَظِيْمُ

Sidang Jumah anu dimulyakeun ku Alloh

Sugrining puji anu sampurna sareng pangalem anu sagemlengna eta tetep kagungan Alloh, Dzat anu mika welas ka abdi-abdina, Dzat anu ngaluhurkeun darajat anu bakti ka Anjeunna. Sholawat sareng salam anu utami mugia tetap ka pang afdol-afdolna nabi, nyaeta Kangjeng Nabi Muhammad saw. miwah ka kulawargina, ka para sahabatna, ka tabi’in tabiatna, dugika urang sadayana salaku umatna anu sapapaosna miharep syafaatna.

Teu hilap ngalangkungan mimbar anu mulya ieu, khotib seja ngadugikeun wasiat, hayu urang sami-sami nanjeurkeun katakwaan sareng kaimanan ka Alloh ta’ala. Margi teu aya deui bekel anu pang sae-saena anging ti takwa ka Alloh ta’ala.
Sidang Jumah anu dimulyakeun ku Alloh

Masyhur kango urang sadayana yen dina sasih Sya’ban teh aya hiji wengi anu kalintang istimewana, nyaeta anu disebat wengian Nisfu Sya’ban. Sanaos wengi Nisfuna atos kalangkung ku urang, nanging taya lepatna urang ngaguar kaistimewaannana.

Salah sawiosna, dina eta wengi Alloh bakal ngamerdekakeun hamba-hamba-Na tina siksa seuneu naraka. Nanging, aya sababaraha golongan anu moal dihampura dina wengi eta.

Salajengna saha wae anu teu kenging panghampura Alloh dina eta wengi teh? Dina leresan ieu, Kangjeng Rosul parantos nguningakeun ka urang sadayana, sakumaha anu disebatkeun dina hadits riwayat Al-Baihaqi.

   أَتَانِي جِبْرِيلُ عَلَيْهِ السَّلَامُ فَقَالَ لِي ‌هَذِه ‌لَيْلَةُ ‌النِّصْفِ مِنْ شَعْبَانَ وَللَّهِ فِيْهَا عُتَقَاءُ مِنَ النَّارِ بِعَدَدِ شُعُورِ غَنَمِ كَلْبٍ

Hartosna, “Parantos dongkap ka kaula Malak Jibril a.s. Teras mantenna sasauran ka kaula, ‘Ieu teh wengian nisfu Sya’ban. Saenya-enyana Allah dina ieu wengi teh gaduh hamba-hamba anu dimerdekakeun tina seuneu naraka sajumlah rambut domba kabilah Kalb." (HR. Al-Baihaqi).

Bagja kacida saupamina urang sadayana kalebet hamba anu dimerdekakan ku Alloh dina eta wengi tina siksa seuneu naraka. Nanging, saur Kangjeng Rosul, sakumaha dina lajengan eta hadits, aya sababaraha golongan anu moal hampura ku Alloh.

Golongan anu disebatkeun dina eta hadits teh, saur Kangjeng Rosul, salah sawiosna nyaeta jalmi anu syirik ka Alloh, sakumaha dawuhannana.

 لَا يَنْظرُ اللهُ فِيْهَا إِلَى مُشْرِكٍ 

Hartosna, “Dina eta wengi Alloh moal ningal ka jalma anu musyrik.”

Maksadna “ningal” di dieu teh nyaeta ningal ku paningal rohmat sareng paningal maghfiroh. Salajengna, maksad musyrik di dieu nyaeta jalmi anu midua Pangeran. Maksadna, jalmi anu dina hatena gaduh kayakinan aya pangeran salian ti Alloh.
Sidang Jumah anu dimulyakeun ku Alloh  Salajengna, numutkeun dina eta hadits, golongan anu moal dihampura ku

Alloh teh nyaeta golongan:

 ‌مُشَاحِنٍ

Nyaeta jalmi anu nyimpen rasa mumusahan  dina manahna. Ya Alloh, ya robbi, janten atuh nalika urang hoyong kalebet jalmi nu kenging panghampura ti Alloh Swt. kedah bersih hate tina sagala panyawat hate sapertos iri dengki, hasud, sareng mumusuhan. Hayu urang keureuyeuh ku urang beresihan manah urang, supaya gampil kenging panghampura Alloh.

Golongan anu salajengna anu moal dihampura ku Alloh dina wengian Nisfu Sya’ban, nyaeta: 

قَاطِعِ رَحِمٍ 

Hartosna, golongan jalmi anu megatkeun silaturahim.  Mugia urang sadayana teu kalebet jalmi anu sok megatkeun silaturahim, terutami  sareng dulur-dulur urang. Hadirin, kalintang paurna upami urang ningal kaayaan ayeuna. Seueur jalmi anu tos lami nu teu pahade, bade jeung dulur atanapi sareng tatanggina. Sakali deui eta tingkah teh lahir tina hate anu teu beresih. Nu matak hayu urang silih islahkeun sareng wargi atanapi tatangi urang, upami urang keying hoyong dihampura ku Alloh Swt.

Sidang Jumah anu dimulyakeun ku Alloh  Golongan salajengna anu teu dihampura ku Alloh dina wengian Nisfu Sya’ban teh nyaeta golongan: 

عَاقٍّ لِوَالِدَيْهِ

Hartsona, nyate jalmi anu doraka anu ka ibu-rama. Patarosanna, naha urang tos kalebet jalmi anu bakti sareng hormat ka ibu-rama? Naha urang tos kalebet murangkalih anu tos tiasa ngamulyakeun ibu-rama?

Jamaah sadayana, urang sing sieun ku Alloh upami doraka ka ibu-rama. Sabab, di antawis dosa anu diterehkeun balesana nana teh nyaeta dosa ka ibu sareng ka rama. Urang sing emut yen rido Alloh teh kumaha ridona ibu rama urang. Pantes Alloh ngawanti-wanti dina Al-Quran supados urang milampah sae ka ibu sareng ka rama.

وَاعْبُدُوا اللَّهَ وَلَا تُشْرِكُوا بِهِ شَيْئاً ‌وَبِالْوَالِدَيْنِ ‌إِحْسَاناً 

Hartosna, “Kudu nyembah aranjeun ka Alloh, ulah rek midua Mantenna jeung naon wae, oge kedah  midamel sae aranjeun ka ibu-rama,” (QS. An-Nisa [4]: 36).

Sidang Jumah anu dimulyakeun ku Alloh  Terakhir, golongan anu teu dihampura ku Alloh dina wengian Nisfu Sya’ban teh nyaeta:

مُدْمِنِ خَمْرٍ 

Hartsona, golongan jalmi anu nyandu kana nginum arak. Ngandung hartos nyandu kana perkara anu matak ngamabokkeun. Naon wae wujud sareng bentukna. Bade kainuman atanapi obat-obatan.

Urang mah kedah pageuh kana tetekon Kangjeng Rosul:

 ‌كُلُّ ‌مُسْكِرٍ ‌خَمْرٌ، وَكُلُّ مُسْكِرٍ حَرَامٌ 

Hartsona, “Tiap-tiap anu ngamabokkeun eta arak. Tiap-tiap anu ngamabokkeun eta haram,” (HR. Malik). 

Mugia wae urang sadayana sing kalebet jalmi anu dihampura ku Alloh, bade dina wengi Nisfu Sya’ban khususna, umumna dina sasih Sya’ban. Mugia wae nalika diangkatkeun amal urang sing tampi ku Alloh, oga dina lepatna sing aya dina magfiroh-Na.

بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ، وَتَقَبَلَّ اللهُ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ، إِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ، أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ الْعَظِيْمَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرّحِيْمُ   

Khutbah II 

اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِيْ أَمَرَنَا بِاْلاِتِّحَادِ وَاْلاِعْتِصَامِ بِحَبْلِ اللهِ الْمَتِيْنِ. أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلَهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، إِيَّاهُ نَعْبُدُ وَإِيَّاهُ نَسْتَعِيْنُ. وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَلْمَبْعُوْثُ رَحْمَةً لِلْعَالَمِيْنَ. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ. اِتَّقُوا اللهَ مَا اسْتَطَعْتُمْ وَسَارِعُوْا إِلَى مَغْفِرَةِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ. إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ، يَاأَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا  اللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ، وَعَلَى اٰلِهِ وَصَحْبِهِ أَجْمَعِيْنَ

اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَ الْمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالْاَمْوَاتِ إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ وَيَا قَاضِيَ الْحَاجَاتِ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّحِمِيْن 

اَللّٰهُمَّ اغْفِرْلَنَا وَلِوَالِدَيْنَا وَارْحَمْهُمَا كَمَا رَبَّيَانَا صِغَارًا، اَللّهُمَّ إِنَّا نَسْأَلُكَ إِيْمَانًا كَامِلاً وَيَقِيْنًا صَادِقًا وَرِزْقًا وَاسِعًا وَقَلْبًا خَاشِعًا وَلِسَانًا ذَاكِرًا وَحَلَالًا طَيِّبًا وَتَوْبَةً نَصُوْحًا. اَللّهُمَّ إِنَّا نَسْأَلُكَ مُوْجِبَاتِ رَحْمَتِكَ وَعَزَائِمَ مَغْفِرَتِكَ وَالسَّلاَمَةَ مِنْ كُلِّ إِثْمٍ وَالْغَنِيْمَةَ مِنْ كُلِّ بِرٍّ وَالْفَوْزَ بِالْجَنَّةِ وَالنَّجَاةَ مِنَ النَّارِ. اللّهُمَّ قَنِّعْنَا بِمَا رَزَقْتَنَا وَبَارِكْ لَنَا فِيْمَا أَعْطَيْتَنَا وَاخْلُفْ عَلَيْنَا كُلَّ غَائِبَةٍ لَنَا مِنْكَ بِخَيْرٍ بِرَحْمَتِكَ يآ أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ ، رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الْآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ 

عِبَادَ اللهِ، إِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيتَآئِ ذِي الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَآءِ وَالْمُنكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ.  فَاذْكُرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَادْعُوْهُ يَسْتَجِبْ لَكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ

(teks khutbah oleh M. Tatam Wijaya, Penyuluh dan Petugas KUA Sukanagara-Cianjur, Jawa Barat dari NU Online)

ADVERTISEMENT

Rekomendasi

0 Komentar

Anda belum bisa berkomentar, Harap masuk terlebih dahulu.

ADVERTISEMENT