Humor Sunda: Dongeng Si Kabayan Hitut


Ceunah anggapan ti Walanda hitut téh mangrupa kaséhatan. Lamun teurab dianggapna sopan. Kocapkeun Si Kabayan hoyong ngabuktoskeun perkara éta . Pék nyarita ka babaturanana kieu:

Cenah ku urang Walanda mah ari hitut téh di pupuji di aalus. Lamun teurab dianggapna teu sopan?

Ari kitu manéh rék kumaha? ceuk babaturanana.

Kuring rék ngabuktikeun bener henteuna éta omongan téh, kabeneran di urang aya Walanda kontrak! ceuk Si Kabayan.

Enya baé, soréna téh Si Kabayan katempo leumpang babarengan sareung Tuan Walanda kontrak.

Tapi saméméhna, Si Kabayan bebekelan heula keur pihituteun. Dahar ogé ngahaja poé éta mah lain sangu, tapi kana kakacangan sabangsa kacang polong sareung su'uk. Salain ti éta ogé, ngahaja pamajikannana miwarang pangulubkeun hui, anu leuwih kawéntar disebut kapsul Malangbong atawa karbit Walasari.

Kocapkeun ti barang leumpang, Si Kabayan geus dedegeng baé ngadedetkeun bujurna supados tiasa hitut. Enya baelé, kumargi geus disadiakeun ti anggalna, bujur Si Kabayan disada tarik pisan. “Duuuutt!!”

Bagus … bagus! ” Tuan Walanda muji bari nepakan taktak Si Kabayan.

Atuh beuki kapuji baé Si Kabayan téh. Bujurna beuki di dedet-dedetkeun supados hitut kerep kaluarna.

Mau lagi?” ceuk Si Kabayan nawaran. Bageur ku kituna mah teu pedit ku hitut. Ceuk paribasana mah, saha nu hoyong, pasti dibéré. Saking ku bageur-bageurna.

Boleh, boleh” tembal Si Tuan walanda ngadeukeutan bujur si Kabayan.

Duuuuuttttt…..!!” bujur Si Kabayan disada deui.

Anjrittt.. Bagus dan nyaring sekali suaranya, seperti suara petasan…!" Ceuk si Tuan walanda Kontrak bari Kasima ngadengekeun sora hitut si Kabayan anu sakitu tarikna. Sabab, di nagara si Tuan mah (Belanda), lamun urang Walanda hoyong hitut, biasana tara dikaluarkeun sakaligus.

Tapi, ngan saukur dikaluarkeun lalaunan, saeutik-saeutik. (Nyaho-nyaho ngahiliwir weh). Heuleut sapuluh métér, bujur Si Kabayan disada deui tarik pisan. Meureun ari mindeng-mindeng teuing mah, sebeleun si Tuan Walanda ogé. Hadé lamun sakali, da ari mindeng teuing ogé mulek wéh nu aya.

Sabot bujur Si Kabayan disada anu kaopat kalina, ku Si Tuan Walanda dijejek satarik-tarikna bari nyentak, terus nutupan irungna “JOROK MODOLLL!!!!

Ti saprak eta téh, Si Kabayan kapokeun embungeun deui hitut dimana waé, komo di hareupeun si Tuan Walanda mah, lamun sakalina ngarasa hayang hitut, sok ditahan sakuat-kuatna.

 

Sumber: Basasunda.com


0 Komentar :

    Belum ada komentar.