Kudu Reueus Jadi Urang Sunda


[Illustration : https://bitly.ws/TZI2]

Kiwari, ku kamajuan teknologi jeung asupna budaya deungeun ka bangsa urang, laun-laun beuki loba basa daerah anu ditinggalkeun. Salah sahijina nya éta Basa Sunda, anu katingali tina kabiasaan masarakat Sunda anu henteu ngagunakeun basa Sunda boh dina kagiatan sapopoé, dina dunya atikan boh dina pagawéan.

Basa Sunda henteu digunakeun sabab lolobana urang Sunda henteu boga rasa reueus kana urang Sunda. Malah dina waktu diajar, lolobana siswa miboga peunteun anu handap dina mata pelajaran basa Sunda dibandingkeun jeung mata pelajaran séjénna.

Salaku urang Sunda urang kudu reueus sabab urang Sunda boga sudut pandang nu alus di mata urang luar, kumaha urang Sunda ditilik boga sikep anu lemah lembut jeung soméah ka saha waé.

Ieu tangtos janten kawajiban urang sadaya pikeun ngalestarikeun basa Sunda supados henteu punah. Numuwuhkeun rasa reueus jeung ngagunakeun basa Sunda ka satiap budak ti leuleutik bakal nyiptakeun generasi anyar anu mikareueus kana basa daerah urang nyaeta Sunda.

 

 

Sumber bahan : Rosidi, Ajip. 2007 Urang Sunda Jeung Basa Sunda

 

 


0 Komentar :

    Belum ada komentar.