Menyelami Kehidupan: Carpon Sunda Berbagai Tema


Mengutip buku Kamus Istilah Sastera Indonesia oleh Rosidi (2018), carpon Sunda adalah kisah yang menggambarkan tentang khayalan tentang kehidapan, entah itu menyedihkan, membahagiakan, dan lain sebagainya. Pengertian carpon dalam Bahasa Sunda adalah karya sastra berbentuk prosa modern yang mirip novel, hanya saja disebut sebagai cerita pendek. Hal ini karena isi dari cerita tersebut lebih pendek jika dibanding novel.

3 Contoh Carpon Sunda

Liburan ka Bandung

Liburan taun kamari abdi sakulawargi angkat ka Bandung dina rangka liburan. Abdi sadayana angkat sapoe sanggeus nampi rapot.

Dugi di Bandung, abdi sakulawargi ngadatangan tempat raramean jiga Dusun Bambu jeung Kebon Binatang.

Sanggeus bosen jeung dirasa puas, abdi jeung kulawargi mondok di hotel daerah alun-alun Salajengna, kaping 31 Desember abdi sakulawargi angkat ka bumina pun ua di Buah Batu, ngempel ngarayakeun wengi pergentosan taun.

Abdi jeung kulawarga angkat ti hotel alun-alun kinten-kinten tabuh lima sore margi sieun macet di jalanna. Dugi ka bumi pun ua pas azan Isya.

Kinten-kinten tabuh 9 wengi acara dikawitan meuleum sate jeung beuleum ketan dicocol ku sambel oncom. Kembang api sareng pepetasan tos ngawitan rame tingbaranyay di langit, endah pisan katingalna.

Kaleresan bumi pun ua di tengah kota jadi katingali jelas. Puncakna, tabuh dua belas pas kembang api ti ditu ti dieu harurung nyaangan langit Kota Bandung.

Subuhna, abdi sakulawargi sadayana mulang ka Bogor.

 

Naek Mobil taksi

Dina hiji waktu, di caritakeun aya tilu urang budak ngora nu beuki nginum. Maranéhana téh keur arénjoy bari sasarandéan nyampai di sisi jalan. Matana barereum, kitu ogé sarua jeung bengeutna lantaran geus pararah narenggak botol.

Carita Lucu carpon pamuda naek mobil taksiAri ka tilu budak ngora éta caritana arék naraék mobil taksi. Nah tos kitu, teu lila aya ogé léwat mobil taksina, nya tos atuh langsung di ereunkeun ku tiluan budak ngora anu tos narenggak botol éta téh. Ceuk supir taksina téh na jéro haténa: “Anyir.. ieu barudak ngora téh marabok waé pagawéannana, ku aing gawéan siah..!”

Tah geus kitu, ararasup tah budak ngora téh nu titiluanan ka jéro taksi. Sangges di jéro taksi, si supirna langsung ngahurungkeun mesin mobilna bari di gerung gerungkeun sakedeung geus kitu dipareman deui. Ceuk supirna téh: “Atos nepi a, mangga atuh sok geura tarurun..!!”

Nah, percaya wéh ari éta barudak ngora téh lantaran geus pararah. Budak ngora nu ka hiji turun bari mayar, kitu ogé budak ngora nu ka dua, turun bari sasalaman jeung ngomong nuhun ka supirna si éta mah.

Nah, pas giliran budak ngora nu ka tilu, manéhna mah turun bari ambeuk-ambeukan nyarékan jeung nyabok beunget supirna, bari ngomong: “Engké deui mah mun mawa taksi téh ulah ngebut-ngebut teing geura satéh, bahaya! Kalem wéh atuh.!” Ceuk supir taksina téh: “Dasar jelema garering siah!!!” *PloKk*

 

Si Ira Mojang Tomboi

Aya hiji awéwé mojang ngaranna sebut wéh si ira. Si ira awakna jangkis, bu’ukna péndék, saléwat mah pokona percis pisan jiga lalaki. Di lemburna ogé manéhna katelah budak tomboi, nu hobina naék motor.

Dina hiji poé, si ira rék mangkat ka gedung caffe di jakarta, manéhna geus siap-siap bari geus mawa helm, maké jakét kulit nu sok biasa dipaké ku lalaki. Teu lila si ira ngaluarkeun motor nu eweuh kaca spionan sabelah, salewat mah émang mirip lalaki ieu budak téh. “Grungg…!!!” si ira téh tuluy ngacir indit ka gedung caffe.

Babaraha jam lilana, ahirna si ira tepi ka gedung caffe anu dituju. Manéhna turun dina motor, bari maké jaket jeung helm kénéh, ngagidig wéh si ira téh leumpang asup ka gedung, bari rada katembong jangar.

Di gedung caffe éta téh keur aya pamariksaan, kulantaran di jakarta ayeuna keur usum BOM nu sing jalelegur gara-gara basa tragedi nu di tamrin téa. Satpam-satpam bari nyekel pelentungan jeung alat ajang ngaditéksi bom tos siap-siap ngajaga di gang gedung caffe éta.

Nah, pas arék asup, si ira dipariksaan heula ku satpam ti handap nepi ka luhur pake alat détéksi bom nu ngaranna metal détéktor.

Nah, pas alat éta nepi ka dadana, satpam langsung ngomong: “Nah siah..!! ieu naon empuk-empuk kieu dua siki?? Boa-boa manéh mawa bom nya!!!” Ceuk satpamna téh, da puguh teu nyaho perangsa téh lalaki.

Pas rada di cabakan saeutik ku satpamna, si ira atuh mereun jadi ngambeuk.. Prak wéh! éta helm langsung di buka bari dibabétkeun, si Ira ngomong ka satpamna, bari matana molotot: “BOM, BOM, tai pedut lah, siah! Yeuh teu percaya mah !!!”

Lah geuning awéwé, sugan kuring téh lalaki. Ceuk satpamna bari cengar-cengir: “Tos.. Tos.. cekap.. Neng! Teu kedah dikaluarkeun, tos terang abdi mah.. Tos terang!” Satpam éta reuwas, da sugan téh éta nu keur manéhna pariksaan téh lalaki, sihoréng padahal mah manéhanna awéwé.

 

 

 

Sumber : tekno.tempo.com, kumpulan.com


0 Komentar :

    Belum ada komentar.

Mungkin anda suka

  • Oleh zahra nisrina shaumi
  • 09, Sep 2024
Gembyung Tradisi Musik Perkusi Sunda yang Menggema