5 Contoh Sajak Sunda yang Bisa Jadi Inspirasi
Sajak Sunda menggambarkan keindahan bahasa dan budaya Sunda. Berikut lima contoh Sajak Sunda penuh makna yang bisa jadi inspirasi bagi Warginet semua.
Sajak Sunda merupakan karya sastra dalam bentuk puisi yang menggunakan bahasa Sunda sebagai media ekspresi. Jenis karya ini merepresentasikan kehidupan, cinta, hingga nilai keagamaan dengan bahasa yang indah serta penuh makna. Berikut lima contohnya yang dikutip dari Kumparan.
Lagu Paturay – Surachman R. M.
Sora nyawa kari sakesetan napas biola
Ngeleperkeun lagu lumayung hideung
Tengtrem temen anjeun nyangsaya, enung
Luang ka tukang ngulahek nembongan lila
Sakesetan duh sakesetan ti dinya sirna
Mutiara kuring tina watangna
Napas biola nu ngagerihan
Nyekleukna jero tangkeupan
Dina Lalangse Hate – Ykcancer71
Lir kapas kaibunan
Teu wasa batin nalangsa
Ngangeri digerihan hinis
Nu wasa ngan reumbay cimata
Ambekan berurat
Panasna dada
Cimata nu murubut
Lir sagara bedah nadada
Kudu kuat
Najan taya tangan pangawasa
Narima kadar nu Maha Suci
Leungiteun nu salawasna mirosea
Kiwari tinggal wa asna
Ngingetan alam katukang
Mangsa anjeun mere ungkara
Yen hirup mo salawasna
Sing kuat nahan tunggara
Najan nalangsa
Tetep kudu miboga
Kakuatan iman na jero dada
Sajak Keur Bapa – Ato Suharto
Bapa..
Bobolokot ku kesang
Sirah dijeun suku
Teu gedag ku rasa hoream
Ikhlas lain reka nu dipulas
Anjeun nyorang harungan
Pikeun kuring sangkan hirup sugema
Bapa..
Anjeun eunteung kahirupan
Ciri sajati lalaki
Anu satia tur tanggung jawab
Kana kodrat pamingpin kulawarga
Bapa..
Kaluhungan anjeun
Dina majuangkeun kulawarga
Warisan nu pohara mahal hargana
Harta eta bakal dimumule
Pikeun wariskeuneun anak incu engke
Pamayang – Rachmat M. Sas. Karana
Bulan imut, ngangkleung di langit
Budak ulin di buruan
Angin darat muru ka laut
Pamayang nyolendang korang
Parahu leutik laju nyiriwik
Nganteur usaha di sagara
Warna perak‘na beungeut ombak
Beuteung lauk tingborelak
Nu jadi harepan pikeun kahirupan
Laut lega paparin Pangeran
Dosa – Apip Mustopa
Datangna teu karasa
Kawas impian janari
Jiga nimat jiga sawarga
Tapi lamun pajar geur peuyar
Karasa diri leuwih rucah manan meri
Inget ka basisir tempat balabuh
Di mana layar geus rapuh
Dosa
Leuwih amis manan anggur
Mun seug nembag dada nu diabur
Tapi di mana tumiba lara
Kaduhung poe make ditundung
Duh gusti
Najan ka mana nya indit
Dosa teu weleh ngukuntit
Baca juga: Mengenal Aksara Sunda, daru Swara Hingga Rarangken
Lima Sajak Sunda di atas menunjukkan betapa kayanya budaya tutur masyarakat Sunda. Melalui karya para sastrawan ini, kita diajak untuk lebih mencintai bahasa serta nilai luhur daerah sendiri. Semoga karya-karya tersebut menjadi bahan inspirasi baru bagi Warginet untuk terus berkarya.
 
                             
                         
                                         
                                         
                                         
                                         
                                        
0 Komentar
Anda belum bisa berkomentar, Harap masuk terlebih dahulu.