Awal Mula Carpon, Sejarah dan Asal Usulnya


Pengertian Carpon

Carpon, singgetan tina "carita pondok," nyaéta wangun prosa fiksi anu ringkes jeung padet. Carpon biasana nyayagikeun hiji carita dina ruang lingkup anu terbatas, kalayan alur, tokoh, sareng konflik anu basajan tapi jelas. Tujuan utama carpon nyaéta pikeun nyampeurkeun pesen, ide, atawa pangalaman dina waktu maca anu singket. Carpon sering mibanda struktur anu fokus sarta langsung kana inti carita, ngamungkinkeun pamiarsa pikeun ngarasakeun keseluruhan carita tanpa butuh waktos anu lila.

 

Sejarah Awal Mula Carpon

 

Carita pondok, atanapi carpon, asal-muasalna tina tradisi carita lisan anu geus aya ti jaman baheula. Salah sahiji conto pangkolotna anu kawentar nyaéta carita-carita lisan anu diwangun dina wangun puisi, sapertos Iliad sareng Odyssey anu ditulis ku Homer. 

 

Carita-carita ieu dipidangkeun dina bentuk puisi anu mibanda wirahma, anu henteu ngan saukur ngajadikeun éta carita leuwih asik dibaca, tapi ogé ngabantu jalma pikeun émut jeung nyimpen eusi carita.

 

Fabel, anu umumna mangrupa carita rahayat kalayan talatah moral di jerona, cenah dianggap ku sajarahwan Yunani Herodotus minangka hasil timuan saurang budak Yunani anu ngaranna Aesop dina abad ka-6 SM (sanajan aya ogé carita-carita séjén anu asalna ti bangsa-bangsa séjén anu dianggap asalna ti Aesop). 

 

Fabel-fabel kuna ieu kiwari dipikawanoh minangka Fabel Aesop. Tapi aya ogé anu mikeun definisi séjén patali jeung istilah fabel. Fabel, dina hasanah Sastra Indonésia, remen ogé dihartikeun minangka carita ngeunaan sato. Carita fabel anu populer contona Carita Si Peucang jeung sajabana.

 

Saterusna, jinis carita mekar ngawengku sage, mite, sarta legenda. Sage mangrupa carita kapahlawanan. Contona Joko Dolog. Mite leuwih nyarankeun carita anu patali jeung kapercayaan balaréa satempat ngeunaan hiji hal. Contona Nyi Roro Kidul. Sedengkeun legenda ngandung harti minangka hiji carita ngeunaan asal usul lumangsungna hiji tempat. Contona Banyuwangi.

 

 

 

sumber: Wikipedia


0 Komentar :

    Belum ada komentar.

Mungkin anda suka

  • Oleh zahra nisrina shaumi
  • 09, Sep 2024
Gembyung Tradisi Musik Perkusi Sunda yang Menggema