Lumpia Basah Jajanan seer Khasiatna


Pami ditinggal tinu bentukna sreng isina, lumpia basah Bandung lewih mirip lumpia anu di Vietnam. Tapi di nagara eta mh isianna langkung seueur pikeun potongan daging babi sareng sayuran nu di tumis. Lumpia asalna ti nagara Cina. Padagang Cina mawa dahareun sareng ngenalkeun katuangan ieu ka masyarakat lokal. Nalika aranjeunna ngenalkeun baso, sangu goreng, bakmi, kwetiau sareng sajabana.

Kadaharan ieu parantos janten populer di sababaraha daérah tapi pasti ku ciri khasna masing-masing. Siga Lumpia Semarang sareng pucuk awi na. Lumpia Basah Bandung sareng oncom nu sajabana. Di Indonésia, katuangan ieu seer mendekkan di kota. Di Bandung sareng Semarang anjeun tiasa mendakan jajanan lumpia basah kumargi di sadayana juru kota aya. Ti tukang dagang di sisi jalan nepi ka restorang di hotél berbintang.

Ciri khasna lumpia basah kota Bandung biasana isianna ditumis heula terus di simpen dinu kulit lumpiah tuluy dioles ngangge gula berem. Tuluy dibungkus ku daun cau. Kusabab éta ngagunakeun bahan-bahan anu prosésna di tumis sareng minyak anu nyereup dina kulit lumpia atah, éta anu nyababkeun kulit lumpia janten lepek supados tuangeun ieu populer.

 Lumpia basah isina aya pucuk awi, toge, endog, jeung gula beureum anu parantos ngagaduhantekstur kandel. Biasana aya tambihan anu sok di angge ku urang sunda aya hayam, jamur, atanapi nu sanesna. Lumpiah Basah didamel tina bahan-bahan anu seer sayuran sapertos toge, sayuran ieu ngandung gizi anu tiasa ningkatkeun kasuburan.

Toge oge aya manfaat anu sanesna kangge kasehatan awak. Salain toge, aya bangkuang oge nu ngandung serat sae kangge pencernaan. Aya oge endog di acak-acak anu ngandung protein.***


0 Komentar :

    Belum ada komentar.

Mungkin anda suka