ADVERTISEMENT
Beranda Pasanggiri Nulis Artikel Basa Sunda, Meunangkeun Hadiahna Nepika 5 Juta!

Pasanggiri Nulis Artikel Basa Sunda, Meunangkeun Hadiahna Nepika 5 Juta!

18 jam yang lalu - waktu baca 3 menit
Pasanggiri Nulis Artikel Basa Sunda, Meunangkeun Hadiahna Nepika 5 Juta!

Warginet! Hayu ngiluan Pasanggiri Nulis Artikel Basa Sunda bareng BJB jeung Infogarut dina raraga ngamumulé basa Sunda. Total hadiahna nepi ka 5 Juta!

Periode ngirimkeun artikel 22—31 Juli 2025.

Syarat jeung Katangtuan:

1. Eusi tulisan artikel kudu asli (original) jeung maké basa Sunda anu bener tur merenah

2. Téma utama artikelna nyaéta “Literasi Keuangan Digital”, kalawan pilihan topikna:

  • Tina Duit Tunai ka Dompét Digital: Cara Masarakat Nyaluyukeun Diri di Era Transaksi Modérn
    Angle: Kamekaran tina sistim mayar anu tradisional ka transaksi digital (QRIS, dompét digital, transfer bank, jsb.), sarta kumaha carana masarakat Sunda bisa adaptasi pikeun éta hal.

    Potensi eusi: Carita kahirupan warga désa/dayeuh, carita adaptasi UMKM lokal, nepi ka pangajaran basajan ngeunaan kaamanan transaksi digital.
  • Ngamumulé Budaya Daérah dina Kamekaran Digital: Transaksi Non-tunai di Pasar Tradisional
    Angle: Gawé bareng antara cara ngamumulé budaya daérah jeung kamerakan téknologi transaksi non-tunai

    Poténsi eusi: Carita pasar tradisional nu ayeuna geus maké QRIS, seniman atawa komunitas budaya nu geus ngamimitian nampa mayar maké transaksi digital.

  • Diajar Ngatur Duit ti Keur Ngora: Literasi Finansial Digital pikeun Para Nonoman
    Angle: Literasi finansial digital pikeun barudak sakola jeung para nonoman.

    Poténsi eusi: Tips nabung ngaliwatan aplikasi, diajar tanggung jawab kana finansial, jeung ngawanohkeun aplikasi sabangsa BJB Digi & DigiCash

  • UMKM Naék Kelas Alatan Digitalisasi: Carita Suksés ti Padésaan
    Angle: Carita inspiratif UMKM di désa atawa di pasisian dayeuh nu naék kelas alatan layanan digital banking.

    Poténsi eusi: Conto nyata cara makéna QRIS, transaksi lancar teu kudu maké ATM, gampilna nginjeum modal usaha, jsb.

  • Désa Pinter, Masarakat Wanoh kana Digital: Digitalisasi pikeun Pangwangunan Wilayah
    Angle: Museur kana digitalisasi transaksi désa saperti mayar PBB, pajak kendaraan, jeung rétribusi daérah

    Poténsi eusi: Inisiatif pamaréntah désa, gawé bareng jeung bank lokal saperti BJB, sarta dampakna pikeun pangwangunan daérah.

  • Ulah Nepi ka Katipu! Cara Aman Transaksi Digital dina Kahirupan Sapopoé
    Angle: Edukasi kaamanan transaksi sacara digital

    Poténsi eusi: Tips jaga data pribadi, jauhan modus penipuan digital, jeung pentingna edukasi keuangan digital ti leutik.

  • Hiji Kode pikeun Mayar Nanaon: Mangpaat QRIS pikeun UMKM jeung Masarakat
    Angle: Ngébréhkeun mangpaat QRIS minangka solusi cara mayar universal dina rupaning aspék kahirupan
    Poténsi eusi: Makéna QRIS di warung, sakola, pasar, nepi ka mayar pajak kendaraan
  • Bank Lokal, Kareueus Daérah: Kalungguhan Bank Daérah pikeun Nguatkeun Ekonomi Digital
    Angle: Ngaleyepan kalungguhan penting bank lokal kayaning BJB dina pemberdayaan ékonomi digital jeung budaya lokal.
    Poténsi eusi: Nyaluyukeun téknologi bank jeung ajén-ajén kadaérahan, kaarifan désa, jeung poténsi generasi digital-savvy. 

Cutatan pikeun Pamilon (disarankeun pikeun ditambahkeun dina ahir artikel):

  1. Pamilon wajib ngawuwuhkeun paragraf anu ngajak masarakat pikeun leuwih mikawanoh jeung maké layanan digital ti bank daérah saperti BJB Digi, Digicash, jeung QRIS ti BJB. Eta paragraf téh ditambahkeun di ahir artikel. Ieu ajakan téh miboga tujuan sangkan masarakat leuwih aktip dina transansi non-tunai saperti keur mayar PBB, pajak kendaraan, rétribusi daérah, sarta kabutuhan sapopoé séjénna.
  2. Bahan keur mikawanoh layanan digital BJB aya di tautan ieu: “Materi Bank BJB
  3. Artikel dikirim dina wangun PDF, maksimal 2 kaca kertas A4.
  4. Fon: Lato, ukuran: 12, spasi: 1,5 kalawan Justify
  5. Unggah artikel ka tautan : Pasanggiri Nulis Artikel Bahasa Sunda

 

Cag, ah! Hayu Ngiluan

Rekomendasi

0 Komentar

Anda belum bisa berkomentar, Harap masuk terlebih dahulu.