Karawitan Sunda: Kasenian Tradisional anu Éstuning ti Jawa Barat


Karawitan Sunda nyaéta seni musik anu asalna ti Jawa Barat sarta sumebar di masarakat Sunda. Ieu kasenian téh dibagi jadi tilu rupa, nya éta karawitan sékar, karawitan gending, jeung karawitan sékar gending. Karawitan miboga kalungguhan anu penting dina kabudayaan Sunda, dipaké minangka sarana hiburan, dina ritual, minangka alat propaganda, jeung minangka sarana penyajian éstétis.

Kasenian hiburan dina karawitan Sunda mindeng jadi kamekaran ketuk tilu, sapertos topéng banjét, bajidoran, dombrét di Karawang, belentuk ngapung, dogér, dombrét di Subang, bangréng di Sumedang, longsér di Bandung, ronggéng gunung di Ciamis, jeung sajabana. Ieu ngagambarkeun luhurna tingkat kréativitas anu dipibanda ku para seniman dina nepikeun seni musik.

Dina seni musik Sunda aya tilu bagian utama. Anu kahiji nyaéta Karawitan Sekar, nyaéta seni sora anu ngagunakeun sora manusa salaku inti utama. Ieu nyiptakeun pangalaman anu raket patalina jeung dédéngéan, dimana sora vokal digabungkeun jeung catetan, sora jeung alat musik lianna.

Kadua Karawitan Gending, nyaéta kasenian instrumén kalawan rupa-rupa pakakas musik anu dimaénkeun babarengan. Alat musik anu digunakeun dina gending karawitan diantarana gamelan kalawan laras pelog, salendro, degung sareung madenda. Sanajan kitu, gending ogé dipaké dina waditra non-gamelan kayaning dogdog, kohkol, jeung keprak.

Anu ahir nyaéta aya Karawitan Campuran atawa Sekar Gending, ieu mangrupa seni sekar dipirig ku gendingan. Karawitan Campuran atawa Sekar Gending ieu nyiptakeun kombinasi unik vokal sareng instrumen dina hiji pagelaran. Dina pagelaranna, seni karawitan kabagi janteun 2, nyaéta sekaran sareung sekar gending.

 

 

Sumber: Basasunda.com

  • -

0 Komentar :

    Belum ada komentar.