Beranda Kumaha Cara Masarakat Nyaluyukeun Diri dina Jaman Transaksi Kiwari
ADVERTISEMENT

Kumaha Cara Masarakat Nyaluyukeun Diri dina Jaman Transaksi Kiwari

13 jam yang lalu - waktu baca 4 menit
Kumaha Cara Masarakat Nyaluyukeun Diri dina Jaman Transaksi Kiwari

Bayangkeun, Anjeun keur nangtung di hareupeun warung kopi tradisional! Sapuluh taun ka tukang, sagala rupa téh upama rék babayar, pasti maké duit kencring jeung duit kertas. Ayeuna, karéréaan nu dagang geus biasa nambrakkeun kode QR dina méjana: "Bilih badé nganggo e-wallet ogé tiasa, Téh!" Pokna.

Mémang kitu, ayeuna mah rupa-rupa cara babayar téh geus robah. Révolusi transaksi geus lumangsung, teu ngadadak, tapi ngarobah sagalana. Taun-taun saméméhna, dompét anu eusi duitna loba sok dianggap lambang géngsi.

Baca Juga: Fakta Unik Bahasa Sunda yang Perlu Warginet Ketahui

Ayeuna, smartphone anu bisa nunda rupa-rupa dompét digital nu jadi kareueus jeung ngareugreugkeun téh. Nurutkeun data ti Bank Indonesia, transaksi e-wallet naék nepi ka 300% antara 2020-2023. Ieu ogé salah sahiji pangaruh tina pandemik jeung kawijakan QRIS. "QRIS ngajadikeun sakur transaksi euweuh bédana: warung leutik bisa mayar ku cara nu sarua jeung mall alagréng," Saur Doni Budi Utoyo, Pupuhu Asosiasi FinTech Indonesia.

Tapi, éta parobahan téh henteu lumangsung dina waktu nu sakocépat. Pikeun nu geus kolot, kawas bu Jojoh (70 taun), nu dagang rupa-rupa goréngan jeung sangu konéng di salahsahiji tempat di Garut, parobahan éta justru kalah matak sieun. "Ah abdi mah sieun nganggona gé, sieun lepat ngalebetkeun kode, sieun katipu," Pokna.

Carita Bu Jojoh bisa jadi gambaran kumaha héséna nyaluyukeun diri kana kamekaran jaman. Dumasar kana survéy Katadata (2023), ukur 34% palaku UMKM nu umurna leuwih ti 50 taun anu percaya diri maké e-wallet. Tah, kumaha jalan kaluar tina bangbaluh éta? Tangtu waé ku cara diajak sangkan daék diajar soson-soson tur diyakinkeun yén aplikasi digital dijamin kaamananana.

Program "Aksara Digital" ti Kemkominfo geus ngalatih 2,1 juta warga lansia jeung padagang. Ieu ningalikeun yén téknologi téh kudu dibarengan ku rasa paduli ogé ka lingkungan di sabudeureunana sangkan bisa dilarapkeun saluyu jeung nu dipiharep. Waktu COVID-19 sumebar, duit kontan dianggap miboga résiko nu matak jadi mamala. Kode QR jadi jalan kaluarna. Data Bank Indonesia nyebutkeun, QRIS dipaké dina dalapan juta transaksi dina taun 2020. Tuluy beuki ceuyah, nepi ka ngahontal 210 juta dina taun 2023.

Parobahan paripolah konsumén ogé kaitung gedé. Survey Ipsos (2023) nétélakeun yén 89% milénial Indonesia leuwih percaya kana dompét digital tibatan duit kontan. Aya istilah "cashless shame", nyaéta ngarasa éra upama mayar ku duit kontan di tempat modérn. Tapi tangtu, ieu robahan téh lain ukur gagayaan.

Hal ieu bisa ngarojong kana inklusi finansial. Patani urang Sunda di Jawa Barat jeung patani di tempat lianna, nu saméméhna henteu boga rékening bank, ayeuna mah katungtut sangkan bisa mayar jeung narima bayaran kalawan maké aplikasi lokal saperti TaniHub.

Baca Juga: 50+ Nama Sunda Kuno Perempuan, Pilihan Terbaik untuk Bayi!

Data ti Otoritas Jasa Keuangan (OJK) nyebutkeun yén indeks inklusi keuangan Indonesia naék tina 49% taun 2014 jadi 85% dina taun 2023. Hartina, salapan tina sapuluh jalma déwasa ayeuna geus boga aksés kana layanan keuangan formal. Statista nétélakeun yén ajén transaksi e-wallet di Indonesia bakal ngahontal kana Rp350 triliun dina taun 2025.

Sabenerna, ti ayeuna ogé geus mimiti aya dompét digital nu maké biometrik saperti sidik jari atawa beungeut. Éfisiénsi ékonomi ogé karasa. Nurutkeun analisa Katadata, babayar sacara digital bisa ngahémat biaya transaksi nasional nepi ka Rp15 triliun dina unggal taunna.

Dina hal ieu, bank daérah saperti Bank BJB jadi kacida pentingna. Hayu urang mimitian ti diri urang sorangan sangkan jadi puseur kadali kahirupan pinansial urang dina kahirupan sapopoé.Ku cara maké layanan digital saperti BJB Digi, Digicash, jeung QRIS BJB, urang lain ngan ukur milu trén, tapi ogé milu ilubiung dina raraga ngawangun kamandirian transaksi.

Ayeuna urang geus bisa ngalakukeun rupaning transaksi ku cara maké aplikasi digital. Contona mayar pajak Bumi jeung Bangunan (PBB) cukup tina HP, henteu kudu ngantri ka kantor pajak. Mayar pajak kendaraan atawa rétribusi cukup ku sababaraha kali mencét, sanajan keur di warung kopi, langsung réngsé. Meuli sagala rupa pangabutuh sapopoé, ti pasar nepi ka mayar parkir, cukup ku kode QR.

Ayeuna geus waktuna urang jadi palaku utama dina revolusi digital ieu! Ngawanohkeun, maké, jeung ngajak batur di sabudeureun pikeun maké layanan digital bank daérah. Unggal transaksi non-tunai nu ku urang dilakukeun ngaliwatan platform lokal téh lain ngan ukur praktis jeung aman, tapi ogé mangrupa dukungan nyata pikeun milu nguatkeun ékonomi daérah.

"Tina PBB nepi ka goréngan jeung sangu konéng, dunya digital aya dina leungeun urang. Hayu, ti ayeuna #PakéBankBJBDigital!"

(Artikel ku Nani - Pasanggiri Nulis Artikel Basa Sunda)

Rekomendasi

0 Komentar

Anda belum bisa berkomentar, Harap masuk terlebih dahulu.